KABEUNGHARAN DIRI
Aya hiji jalma nu
ngarasa dirina teu pantes (ngarasa goréng patut) katambah miskin antukna
nalangsa, kuciwa jeung cangcaya salalawasna.
Malaikat anu wijak datang ka inyana : "Ki
Silah, kunaon anjeun henteu gumbira, aya naon?"
Jawabna: "kuring ngarasa bingung kunaon
kuring bet miskin baé?"
"Miskin? Naha teu nyaho, anjeun téh
sabenerna beunghar?" ceuk Malaikat.
"Na kumaha kitu pangna andika nyebutkeun
kuring beunghar? Na timana nyawangna? Omong ki Silah.
“Kieu atuh…" ceuk malaikat…” daék anjeun
dibéré duit 50 juta lamun ayeuna anjeun kaleungitan hiji ramo tina leungeun
anjeun?"
"Hmm embung ah!"
"Daék dibéré duit 500 juta ku kuring lamun
anjeun kaleungitan sabeulah leungeun anjeun?"
"Hmm embung, atuh!"
"Lamun panon anjeun duanana lolong, ku kuring
dibéré duit 10 milliar, ditarima ?"
"Moal!"
"Lamun kuring ngajadikeun anjeun hiji
aki-aki umur 80 tahun tapi gering parna, ku kuring dibéré duit 100 milliar, daék?"
"Embung!"
"Nya embung, atuh!"
"Hahahaha”. ……. Malaikat gumujeng…”
hartina bener ceuk kuring yén anjeun boga kakayaan anu kacida lobana? Naha
anjeun masih rumahuh di jero haté ngarasa miskin ?"
Ki Silah ngadadak ngahuleng harita kénéh,
ngadadak ngarti kana hartina kabeungharan.
Sabab HIRUP téh WAKTU nu diinjeumkeun.
HARTA téh ANUGERAH nu dipercayakeun.
Prak TASYAKUR kana Nafas nu masih dipiboga.
Prak TASYAKUR kana waruga anu masih kénéh
walagri.
Prak TASYAKUR kana Kasehatan nu masih
dipiboga.
Prak TASYAKUR ajneun masih kénéh boga
kulawarga.
Prak TASYAKUR anjeunmasih aya kénéh babaturan.
Prak TASYAKUR anjeun masih kénéh aya
pakasaban.
Masing éling urang masih kénéh dipaparin nu
panghadéna, prak TASYAKUR sabab Allah swt, masih maparinan kasempetan keur ngabdi
ka AnjeunNa.
Cag!
Pamuga mangpaat jeung bisa ditafakuran!
Padukuhan Pakujajar, 25 Nopember 2016
Ki H Dr. Dharmasetiawan Natapradja
No comments: