KEUR CALON PAMINGPIN


CATUR GALUR TI PAKUJAJAR KEUR CALON PAMINGPIN NU SAKEUDEUNG DEUI BAKAL MANGGUNG DI PANGGUNG AGUNG!





Mun jaga maranéh jadi PAMINGPIN, kudu mibanda JIWA WIBAWA, KOMARA, jeung léngkahna panceg dina GIRI JALADRI, SURTA PAWAKA, Nu kitu disebut JIWA AGUNG, ADIL PARAMARTA



Nanjeurkeun Kaadilan téh leuwih luhung tibatan nanjeurkeun hukum. Nanjeurkeun hukum mah ngan ngarukuk kana salah sahiji pasal tina undang-undang, anu bisa dikomodisileun; upamana lamun ngagunakeun pasal ieu kieu humumanana, lamun ngagunakeun palal itu, kitu hukumanana, jadi bisa diatur jeung ditawarkeun ka péhak saha anu dibéla, mana nu bisa ditulungan, tapu nanjeurkeun kaadilan mah teu bisa dijual-beulikeun jeung kudu ngagunakeun rasarasaan, rasa kaadilan.



Inget, pangkat mah ngan hiasan wungkul, harta-bada ngan ukur titipan, nyawa ngan ukur hak guna paké. Ébréh, jeung geura rarasakeun yén manusa téh teu miboga nanaon!



Padukuhan Pakujajar, mangsa pecat sawed, Senen 9 Npopember 2015.

Ki H Dharmasetiawan Natapradja

© SKKS 2015.







(Menegakkan Keadilan itu adalah jauh lebih luhur daripada menegakkan Hukum; menegakkan hukum, hanyalah merujuk pada pasal tertentu hukum perundang-undangan, yang bisa dikomoditikan; jika menggunakan pasal yang ini, hukumannya begini, dengan menggunakan pasal yang itu hukumannya begitu, jadi bisa diatur dan ditawarkan kepada pihak siapa yang akan dibela dan pihak mana yang harus ditolong, tetapi menegakkan keadilan itu tidak dapat dijual-belikan, dan harus dengan menggunakan perasaan – rasa keadilan).

Pangkat ukur pupulasan, banda ngan ukur titipan; nyawa ukur gagaduhan.

Tétéla jeung rumasa, manusa tuna kaboga.



 - Pangkat hanyalah hiasan belaka, harta benda hanyalah titipan, nyawa hanya pemilikan sementara. Jelaslah dan rasakanlah bahwa manusia itu tidak punya apa-apa.



Cag.

Pakujajar 7 Agustus 2014

No comments: