HASTA
BRATA – DALAPAN PAPAGON HIRUP KUMBUH.
“Jeung
satemenna Kami geus ngébréhkeun ka manusa dina ieu Al Qur’an , tina rupa-rupa
siloka, tapi manusa téh makhluk anu paling loba némpas” (QS Al Kahfi : 154)
Guaran
ieu dumasar kana ajaran luluhur jeung hiji guru atawa Ulama luhung ti Cirebon
anu wastana Pandita Surya Sakti. Ieu
guaran téh disebutna Hasta Brata atawa Dalapan Papagon Hirup.
Ieu
dalapan papagon hirup téh pituduh kamaha di antarana upama manusa hayang
ngahontal kabagjaan hirup enggoning ngolah nagara.
Kadalapan
papagon téh nyaéta:
1. WANITA.
Ping pisan kudu anggayuh,
éndah lan hayuning budhi.
Wujudna kadya
WANITA.
Nu luwes hayu lan manis,
Mun naksir sok kaédanan,
Hayang metik hayang nyanding.
Mun paripolah kaliru,
mekarna kembang kapetik,
dumuk wongé gawé rusak,
matak suda lahir bathin.
Dibélaan tapa brata
Angga gawé ing asoring.
Perkara
WANITA ieu hiji perkara anu penting dina pilampahan manusa di dunya ieu.
Pilampahan anu mangrupa naon baé lamun wanita henteu dibabawa, sigana
urusannana moal pati bérés atawa lancar, naon sababna?
Dumasar
kana Surat An Nisaa ayat 1 kaunggel kieu: “Hé sakabéh manusa! anjeun kudu taqwa
ka Pangéran anjeun, anu ngajadikeun anjeun tina hiji jiwa (Adam). Jeung
AnjeunNa ngajadikeun tina hiji jiwa éta jodona (Hawa)….”
Écés
dina ieu ayat, yén Nabi Adam ogé ku Kersaning Nu Maha Asih diréncangan ku Hawa
(istri = wanita).
Allah
swt. ngadawuh deui: “Geus dihias haté manusa ku kacintaan/kahayang kana sagala
anu disawang atawa dicita-citakeun, di antarana ka wanita” (QS Ali Imraan: 14).
Dina
hakékatna éta siloka wanita téh perkara anu dicita-citakeun ku urang ngeunaan
kadunyaan, pangkat atawa pacabakan/jabatan, anu bakal nyalametkeun dunya jeung
akhérat. Kacindekanana, dina enggoning
ngolah hirupna manusa kudu boga pasangan, pria jeung WANITA, hartina WANITA
kudu boga andil atawa dibéré andil.
2. GARWA.
Nu kadia ngurus laku,
angupaya GARWA pasti.
Marengan nyawa sajiwa,
Ngarti huripna rohani.
Miwah huripna pangawak,
Kajembaran lahir-batin.
Nyiger bagja nu saéstu ,
pamisah badan
pribadi.
Pisahna jiwa lan raga.
Sangkan hirup sugih mukti.
Tur marifat ka pangéran,
Jiwa-raga
nyata hiji.
Ari
GARWA geus ébréh maksuda geureuha atawa pamajikan. Ari ceuk Kirata Ki Sunda mah
kieu: GAR téh asalna tina SIGAR, anu hartina Beulah dua, atawa sarua gedéna. WA
asal tina NYAWA atawa JIWA. Jadina hartina GARWA téh beubeulahan JIWA anu sarua
gedéna atawa ajénna.
Maksud
anu sabenerna nyaéta dina enggoning laki-rabi jeung ngawangun imah-tangga anu
bagja kudu lir nyawa Hiji dibagi dua, katelahna; SIGARANING NYAWA.
Ceuk
paribasa téa mah “ka cai jadi saleuwi – ka darat jadi salebak, sareunceuk
saigel sabobot sapihanéan, runtut=rukun sauyunan”.
Siloka
Ki Sunda ieu kaunggel ogé dina Al Qur;an Surat Ar Rum ayat 21, anu unggelna
kieu:
“
Jeung sabagéan tina tanda-tanda Allah, nyaéta AnjeuNa ngajadikeun jodo-jodo
pikeun maranéh tina jinis maranéh. Nyaéta supaya maranéh aya dina katingtriman
jeung maranéhna. Jeung AnjeunNa ngajadikeun di antara maranéhna : Kacintaan
jeung welas-asih. Satemenna dina perkara ieu éta tanda-tanda pikeun jalma-jalma
anu ngabogaan akal”.
Tamada
ka sing saha anu geus rarabi mangkadé sing apik nala’ah eusi ayat di luhur.
Singgetna kieu:
·
Tanda-tanda
Allah téh: ngajadikeun jodo-jodo; ngalaksanakeunana mah babari, nyaéta kudu
nikah saluyu jeung saréat agama;
·
Supaya
aya dina katingtriman, kacintaan jeung welas-asih; perkara ieu rada beurat dina
ngalaksanakeunana, sabab umumna kacintaan jeung welas-asih mah datangna sok
saméméh kawin/nikah. Naon susahna? Biasana lalaki lamun keur papacangan sok
ngubar jangji majarkeun: ”Engkang téh asih ka enung lain pikeun saulineun, lain
pikeun sapoéeun, tapi cinta Engkang nepi ka liang kubur!” kitu pokna. Tapi teu
kurang-kurang kajadian anu laki-rabina ngan meunang sababaraha bulan baé,
cacakan jangji jeung sumpah mah mani satelebug, bari kaayaan aya dina
kabeungharan, gedong sigrong, harta bru di juru bro di panto, cék saliwatan mah
asa piraku imah-tanggana jadi teu bérés.
·
Jadi
cicirén keur jalma nu ngabogaan akal atawa nu mikir. Dawuhan Allah : jeung
dijadikeun kacintaan jeung welas asih pikeun jalma-jalma anu ngagunakeun akal
ppikiranana. Ari anu henteu ngagunakeun akal mah duka teuing, cinta naon
ngaranna?
3. WISMA.
WISMA téh anu katilu,
Pangabutu sangkan hurip,
lamun yasa sing santosa,
kukuh kuat nu sayakti, .
Panunjang nojo
sawarga,
Pangiuhan hujan angin.
Hawa panas nu mahabu,
Masing jadi hawa resik.
Pangayonan kulawarga,
Keur babakti tur semedi.
Betah melék sing pratitna,
Kerék
nyegrék sangkan hurip.
Ari WISMA téh pihartieunana IMAH. Ieu perkara penting
pisan pikeun anu geus laki-rabi mah kudu ngabogaan imah sorangan. Geuningan baheula mah waktu akad-nikah ogé sok
ditalék ku naib atawa ku bapana “sanggup ngaimahan pamajikan?” Disarankeun,
upama geus mampuh mah nu geus laki-rabi kudu nganjrek téh di imah sorangan.
Ulah di “Mertua Indah” ceuk istilah jaman ayeuna mah. Sabab lamun geus boga
imah nu sorangan sanajan leutik moal aya nu ngaharu-biru. Komo upama geureuha
ngabebenah éta imah, paparabotan disusurup sanajan lain barang mahal, buruan
resik sanajan teu lega, dipelakan kekembangan, sanajan dina pot, komo mun imah
jeung buruan lega mah, tada teuing pikabetaheunana. Atuh babaturan atawa baraya
nu nyémah ogé matak resepeun, manjangkeun silaturhmi di imah sorangan ngalap
barokah Allah swt.. Jadi singgetna maksud WISMA téh ngeunaan wujud JASMANI
jeung ROHANI urang kudu aya dina kabarokahan, tumaninah téa.
4. TURANGGA.
Nu kaopat nahan
napsu,
tanpa napsu teges mati.
Moal bias ngolah praja
Miwah napsu di kadali.
Bisa nahan panyawangan, ,
Saum saur mati geni. .
Ari watek hawa napsu,
Moal gampang
dikadali,
Kadya kapal mapag ombak, .
Ombak anu ngayun-ambing,
Kudu bisa nyengkerana
Mun
hasil pasti pinuji.
Ari TURANGGA basa baheula anu maksuda KUDA TUNGGANGAN anu
alus, boh dina adeganana atawa dina buluna, nya kitu deui dina lumpatna.
Upamana jalma anu ngabogaan éta kuda geus pinter numpakna jeung geus pinter
ngawarahna, tangtu éta kuda téh bakal nurut ka nu bogana atawa kanu
numpakanana; Babari lamun dititah adéan, nyirig, congklang atawa
torolong-derap, pasti bisaeun gumantung kanu tumpakna.
Tapi upama anu numpakanana sambarangan, can nyaho kana
adat éta kuda, jol jol clak terus jebrod dipecut! Atuh belesur baé éta kuda téh
kabur mangprung teu beunang dipegeg deui. Akibatna: nu tumpak ngaringkuk di
susukan, tukang baso jeung tukang bajigur tanggunganana ancur kadupak kuda!
Tah ieu gambaran turangga tadi. Maksudna: turangga téh
siloka NAPSU urang anu aya di jero awak urang. Pribadi urang ulah tepi ka
dipangaruhan ku napsu, tapi sabalikna pribadi urang anu kudu ngatur napsu-napsu
éta. Apan aya dawuhan Rasulullah saw anu unggelna kieu: “Musuh manéh nu
pangjahatna jeung pangrongkahna nyaéta napsu anu aya di jero diri manéh”.
Tasauf Islam nyusun napsu poko (elementary instinct) nyaéta
mangrupa syahwat jeung gholab. Syahwat nyaéta kahayang-kahayang anu marengan
ampir ssaumna pikiran urang. Aya dua aspek: 1) kahayang anu goréng, anu disebut
SUFIAH, jeung 2) kahayang suci anu disebut: MUTHMAINAH.
Ari GHOLAB nyaéta kamurkaan anu salawasna mangaruhan pikiran urang.
Gholab ieu ayana di hiji jalma atawa di masyarakat. Aspek gholab ieu nyaéta
kamurkaan jeung napsu miara diri, disebutna AMARAH jeung LAUWAMAH. Lamun ayana
di masyarakat Gholab ieu mangrupa napsu masyarakat atawa napsu golongan (social
instinct).
Di dieu urang kudu pinter ngadalikeun napsu, boh napsu
diri atawa napsu masyarakat.
5. CURIGA.
Nu
kalima tur saéstu,
Miboga
kayaning badi,
Kujang
wesi tombak waja,
Cicirén
wujud lalaki,
Sinatria
danalaga,
katon
pamor handayani.,
Kabéh
hayang gaman ampuh,
Siloka
birup nyantana,
Sanajan
ngan keur pribadi,
tata-tengtrem
butuh kita,
Prak
pilih anu pinuji,
Sabilulungan
nu pasti.
Nu
dimaksud CURIGA téh nyaéta pakarang (gagaman/senjata) upamana: Keris, kujang,
tombak, iteuk sjbn. Ari keris wujud dasarna seukeut dua sisina, kaasup barang
pusaka. Baheula ieu keris saméméh dijieun ku para Mpu atawa Bujangga, nu
nyieunna kudu puasa heula atawa tapa heula dibarengan ku ngawatek kalimah
khusus pikeun keris nu rék dijieunna.
Jaman
baheula dina umumna ieu keris sok pada mikahayang, sabab dipercaya “aya maunat
jeung mangpaat atawa khasiatna” – wallohu alam!
Nu
saenyana ieu keris dijieun siloka, nyaéta : ”OMONGAN”. Utamana omongan atawa
caritaan pamingpin kudu seukeut. Tapi lain seukeut matak nyeri haté batur,
atawa ngajaheutkeun batur, tapi caritaan anu gancang ditarima ku masyarakat,
kaharti, écés jeung lamu paréntah gampang dilaksanakeunana.
Dawuhan
Rasulullah saw: “Ucapkeun caritaan manéh ka manusa, numutkeun pamanggih anu
saluyu jeung pikiranana”. “Kaula para Nabi, diparéntah ku Allah, pikeun guyub
jeung umat manusa, numutkeun kaayaanana di masyarakat, jeung supaya manéh badami
jeung maranéhanana numutkeun pamanggih akal pikiranana.”
Ulah
babadamian jeung hiji golongan kalawan éta hasil sawala téh teu bisa ditarima
atawa teu kaharti ku akal pikiran maranéhanana, lantaran perkara anu sarupa
kitu bakal nimbulkeun fitnah jeung bahaya.
Kasauran
Rasulullah saw ieu mangrupa guaran tina dawuhan Allah dina Surat Al Baqarah
ayat 263 anu unggelna: “Caritaan alus jeung pangampura téh leuwih alus tibatan
sidekah anu diimplik-implikan ku ngayenyeri. Jeung Allah téh Maha Beunghar
jeung Maha Pangasih”.
6. KUKILA.
Mamanukan
sarupaning.
Nu
dipalar sowarana,
Supaya
hirup teu sepi.
Teu
ngadéngé sora sétan,
kang
gawé panasing ati.
Lamun
sepi sok ngelengut,
kumandangna
warna-warni,
ngiming-ngiming
matak mikat.
Milihna
sora nu yakti,
Keur
meper haté nu ringrang,
Malah
mandar tiis pikir .
Ari
KUKILA maksudna MANUK. Anu dipaké siloka di dieu nyaéta manuk titiran atawa
Perkutut anu hadé sorana. Harti KUKILA ampir sarua jeung CURIGA. Ngan KUKILA
mah loba ansur SENI-NA (SENI SORA) – Apan ari manuk titiran mah siorana téh alus
pisan. Teu kurang kurang éta sora manuk matak jadi ubar kanikmatan keur jalma
nu keur ambek (amarah), nu keur bingung, sok bisa nginsyafkeun nu keur amarah
jeung sajabana. Malahan éta sora manuk téh sok ningkatkeun harga jual sakadang
manuk, teu kurang-kurang harga manuk nu hadé sorana mah mani mang juta-juta!
Kitu
deui di manusa, jalma nu miboga sora hadé, contona para sinden, biduan, artis,
sakali pagelaran téh dibayarna sakitu mahalna, kitu deui urang nu hayang ngadéngékeun
sorana atawa meuli rékamanana atawa lalajo pagelaranana, pan kudu dibeuli
kalawan mahal boh harga karcisna atawa rekamanana.
Kanyataanana
sora anu halimpu tur keuna kana wirahmana bisa nembus RASA anu teu bisa
dicaritakeun. Babasan matak muringkak bulu punduk, sok loba nu ceurik alatan
ngadengekeun lagu atawa tembang. Aya kasauran hiji ulama luhung Maulana
Jalaludin Rummi, kieu: “ Kasusatraan téh LAGUNA HIRUP, Kasenian téh HIASAN
HIRUP”.
Jadi
siloka KUKILA dina ieu ajaran, khususna mah pikeun pamingpin. Singgetna hiji
pamingpin kudu perténgtang dina nyarita, kudu jelas omonganana, matak kaharti
jeung ngeuna didéngéjeunana, nepi ka rahayat téh kapélét ku caritaanana,
7. WARANGGANA.
WARANGGANA nu katujuh,
Pangabisa pra priyayi,
Kamonésan pra Santana,
luwes kéwes manas ati,
laga gaya lan ambeksa,
musabab lemesna budhi.
Mun mikahayang nu alus,
Paripolah nu nastiti,
Dinama aya gogoda,
Pinasti sok ati-ati,
Polah moal lalawora,
Sabab éling sihing Gusti.
WARANGGANA
ieu maksudna BADAYA anu hartina “tukang ngibing (penari)” Dina pagelaran wayang
golék saméméh Raja magelaran sok aya ibingan Badaya anu biasana mah ku Topéng
Wadon Jatiswara, tah ieu nu disebut Badaya.
Baheula
jaman para ménak disebutna téh NAYUBAN. Anu ngibingna di unggal juru panggung
aya hiji pria. Di tengah-tengah panggung aya panari wanita. Éta panari wanita
ngibingna téh bari ngawih, ieu disebutna RONGGÉNG. Ieu ronggéng tina rupa jeung
sorana éstu matak narik nu haladir. Malah teu kurang-kurang mangsa harita loba
para gegedén kapélét ku para ronggéng.
Saupama
éta ronggeng geus bisa kabéngbat ku salah sahiji pria anu ngigelan di juru
panggung téa, tuluy si pria jeung si ronggéng téh turun ti panggung, bari jeung
panas haténa. Katambah ku nu lalajo sok dikeprokan atawa disurakkan.
Ari
maksudna siloka ieu kieu: Ronggéng anu ngigel jeung pria tadi diibaratkeun
cita-cita urang anu luhur tur mulya geus kacangking ku urang. Ku kituna, urang masing
hadé-hadé miarana, mupustina, supaya éta cita-cita tadi anu meunang hésé-capé
téh ulah leungit deui. Nyaéta karebut atawa kadéséh ku batur. Boh dina pangkat
atawa kalungguhan, atawa ngeunaan perkara dunya. Ari anu jadi lulugu gogoda
atawa ujian dunya téh henteu bireuk deui nyaéta HARTA – TAHTA jeung WANITA.
Hakékatna
urang téh kudu bisa ngadalikeun napsu urang pribadi, nyaéta anu digambarkeun ku
opat pria anu ngigel di unggal jurupanggung. Ari napsu anu opat nyaéta: AMARAH
(Polemos) , LAUWWAMAH (Egocentros) , SUFIAH (Eros) jeung MUTHMAINAH (Religios).
Bahasan
ieu kaopat apsu insyas Allah didugikeun dina seratan anu misah!
8. PRADANGGA
PRADANGGA dalapan éstu,
Pasipating warna-warni.
Kendang-gendér gambang
rebab,
Sanajan waditra pasti,
Sorana sok béda-béda.
Lamun geus jadi ngagending.
Pradangga anu saéstu,
Piranti siloka hirup,
Hirup kumbuh siga laras,
manut wirahmaning gending
manjangkeun babarayaan, ,
saréat silaturahmi.
PRADANGGA maksudna saparangkat GAMELAN. Lamun gamelan
ditabeuhna hiji-hiji tangtu moal nikmat kadéngéna, tapi lamun ditabeuh
babarengan kalawan teu maké aturan, kadéngéna matak gandéng, brang-bréng-brong
teu puguh matak gandéng. Tapi lamun ditabeuhna kalawan tartib, ku ahlina tur anu
bener lagu jeung wirahmana matak nikmat nu ngabandunganana.
Tah siloka PRADANGGA ieu ngagambaran kaayaan nagara katut
masyarakatna, anu diwangun ku rupa-rupa kamantrian, departemen, dinas, bagian
jsbn. Tug nepi ka masyarakatna ti mimiti Presiden nepi ka RW. Upami baé dina
raraga ngolah ieu nagara kumna eusi nagara tartib, sauyunan, babarengan salagu
jeung sawirahma, moal henteu ieu nagara téh Adil Makmur Kertaraharja.
Sakieu heula guaran HASTA BRATA, pamuga aya mangpaatna.
Padukuhan Pakujajar, 2 Mei 2015.
Ki H. Dr. Dharmasetiawan Natapradja.
No comments: