SAJATINING ÉLMU


SAJATINING ÉLMU

·         Élmu mawa caang ati, banda mawa poék haté, upama henteu jeung élmu.

·         Élmu mawa logor maot, banda matak sereg maot, upama henteu jeung élmu.

·         Élmu matak leuleus ati, banda mawa heuras ati, upama henteu jeung élmu.

·         Élmu dibagikeun rekah, banda dibagikeun beak.

·         Élmu nyaah kanu miskin jeung ngabéla ka masyarakat, banda sieun ku nu miskin jeung ku masyarakat.

·         Élmu mah sok nyapa’atan ka nu rék maot, banda mah sok ngabinasa ka nu rek maot.

·         Élmu mah sok tara surem ka jalma nu teu sakelas, sumawonna ka baraya.

Nu disebut élmu sajati dina ukuran jaman kiwari nyaéta wujud gagambaran sajatina anu teu jauh atawa lir ibarat harta karun nu aya di jero bumi, geus kakubur ku waktu, karuang ku jaman ratus-rébuan taun, nu ngandung harti jeung makna,  kusabab kalangkaanana.

Ari nu jadi misil atawa siloka ajén kasajatianana, teu jauh ti barang nu mahal, kawas emas golondongan, kalayan gagambaran ajén hargana tara jauh ti wujud duit gepokan atawa tumpukan duit kencring jeung logam emas.

Pikeun anu teu surti atina, teu rancagé haténa tur taya pangarti kana wawangi nu sajati, tinangtu baris kaberejo jeung kabobodo ku kaheureutan pikir jeung haténa sorangan. Sok komo lamun seug katangkepna ku anu piduit atawa pidunya, atawa keur kapéngpéongan ku dunya. Tinangtu moal jauh ti baris diteureuy buleud-buleud, lain diaji kasajatianana atawa dikoréhan ajén karusiahanana.

Sanajan dikali ka jero bumi tepung ka nagara beubeulahan dunya ogé moal kakali jeung katimu. Sabab dikalina ku linggis, lain ku kaweningan pikir jeung pangartina; dikoréhan ku pacul lain ku kaberesihan haté jeung pamahamanana; dikeruk ku “bulldozer” lain ku méncrangna akal jeung sajatina élmu; nu sawates ngalahirkeun nafsu (kapanasaran) nu mawa karuksakan kana tauhid jeung akidah balaréa. Ngagiring baraya kana lampah syirik, musyrik, murtad jeung kufur. Lain sabalikna, matak ngaluhungkeun élmu, ngabeungharkeun tauhid jeung akhlak ka sakumna.

Nu puguh mah maqom-maqom karomah Pajajaran-Pasundan-Parahyangan, bisa béak disarempogan jeung rompag ditarutuhan ku kateusurtian, kateutalitian jeung kateungartian kana wawangi sajati anak-incu nu ngajamanan. Rajeun kaluar ogé, malah bisa-bisa kakadut bumi nu rasana pait karasana panas, kaangseuna bau meledek, nu mancerna ogé mahiwal jauh ti patempatan, bisa ti kidul, bisa ti kalér, bisa ti kulon atawa ti wétan. Kasajatianana siksa, tunggara, sangsara jeung naraka pikeun diri jeung balaréa, pangpangna pikeun dulur nu ngageugeuh di patempatan.

Deudeuh teuing!

Naha atuh maké bet kamalinaan teuing, nepikeun ka poho kana jujutan, poho kana purwa daksina. Kieu jadina ngalajur nafsu ngumbar amarah téh, mawa tunggara ka diri, ngondang cilaka ka balaréa.

Bisi keukeuh peuteukeuh hayang harta karun mah, ieu yeuh rék dibéré jampéna. Pikeun koncina nu aya di gudang Pajajaran Parahyang!

Pék siar jeung teuleuman, kali jeung koréhan. Nu hadé mah kudu diparuasaan ku urang, malah mun bisa mah ditapaan, sangkan kapetik aciningna, kapimilik sariningna. Tapi ditapaanana kudu ku tapa sajatining hurip. Nyaéta ditapaanana ku lakuning hirup anu luhur, lakuning lampah anu mulya, ku hirup anu agung. Sangkan kapimilik kaluhuran huripna, kapibanda kamulyaan huripna, tur kasandang kaagungan hirup dina kahuripanana. Sangkan hirup diweruh semu saéstu, sampurna diri salaku manusa, dina tangtungan jati diri beureum jeung bodas nu sajati, jiga bau dangdanan kasajatian bangsa jeung nagara urang nu kiwari masih kénéh migusti hirupna, nganyawa huripna jeung musaka tatapakanana. Sok, sanajan meledek kantun bauna jeung pasoléngkrah kantun barangkalna ogé.

Tah ieu jampéna, pék regepkeun jeung lenyepan, sangkan jadi sampeureun lalampahan kasajatian urang ka hareupna dina muru mangsa ngudag jaman nu baris jadi tutulisan kasajatian urang katangtuan Gusti nu Murbeng sadayana alam.

SAJATINING CAHYA, NGAHIRUPAN RASA,

NEULEUMAN RASA, MIBANDA MAHAKAWASA

METIKAN KARIKIL-KARIKIL MUSTIKA PERMATA CAHAYA.

Pamuga ku lalampahan nu aya di sajeroning lampah pangdzikiran anu jadi konci pikeun muka gudang kurnia, bisa kapimilik jeung kapibanda harta nu sajatina, dina wujud hirup nu hurip – kahuripan hirup!

Cag sakieu heula.

Padukuhan Pakujajar, wanci pecat sawed, 20 Juli 2016

Ki Dharmasetiawan Natapradja,

Ajar Sunyapada – Yayasan SKKS / Kandaga Sunda.

No comments: