Babaran KECAP dina Basa Sunda
1. KECAP ASAL
Kecap Asal nya éta kecap anu tacan diropéa wangunna atawa kecap weuteuh anu henteu dirarangkenan. Conto : sangu, bodas, jalma, kuda, jrrd..
2. KECAP RUNDAYAN
Kecap Rundayan nya éta kecap asal anu maké rarangkén. rarangken aya opat rupa, nya éta "
a. Rarangkén hareup (prefiks) : N-, pa-, pi-, pang-, sa-, si-, di-, ka-, ba-, per-, ting-.
b. Rarangkén tengah (infiks) : -ar, -al, -um, -in.
c. Rarangkén tukang (sufiks) : -an, -na, -eun, -keun, ing, -ning.
d. Rarangkén barung (konfiks) : pang-keun, di-keun, di-an, sa-eun, pi-eun, di-al-keun, pang-ar-keun.
Kecap asal anu geus dirarangkénan miboga harti jeung fungsina séwang-séwangan.
3. KECAP RAJÉKAN
Kecap rajekan nya éta kecap anu diucapkan dua kali atawa leuwih, sabagéan atawa sagemblengna, robah sorana atawa henteu. Kecap rajékan aya sababaraha rupa, nya éta :
a. Dwipurwa
Dwipurwa asal kecapna tina dwi=dua; purwa=mimiti, hartina enggang nu mimiti diucapkeun dua kali, conto : cabok=cacabok, tajong=tatajong, jrrd.
b. Dwilingga nya éta nu dirajek sagemblengna kecap, aya nu robah, aya ogé nu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebut DWIMURNI, nu dirobah sorana disebut DWIRÉKA.
DWIMURNI, contona :
* Nuduhkeun loba : bangku-bangku, jalma-jalma jrrd.
* Rupa-rupa, sarua sifatna : amis-amis, pait-pait.
* Lila milampahna : nimbang-nimbang, mikir-mikir
* Nuduhkeun siga : siku-siku, kuda-kuda
* Nuduhkeun hanjakal : geulis-geulis, kasép-kasép.
DWIRÉKA, contona :
* Nuduhkeun rupa-rupa : unak-anik, tulang-taléng.
* Leuwih ti sakali migawéna : luak-lieuk, tumpa-tempo, kubat-kobét.
* Nuduhkeun leuwih ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor.
c. Dwiwasana
Dwiwasana nya éta kecap anu dirajék engang pangtungtungna.
Comntona : pudigdig, pudugdug, cikikik, cakakak, jrrd.
d. Trilingga
Disebut trilingga sabab disebutna tilu kali bari jeung robah sorana.
Contona : dag-dig-dug, hak-hik-hek, pak-pik-pek, jrrd.
4. KECAP KANTÉTAN
Kecap kantétan nya éta kecap nu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu dikantétkeun sarta ngandung harti mandiri anu béda jeung unsur-unsur pangwangunna. Kecap kantétan dibedakeun jadi dua rupa, nya éta :
a. Kecap kantétan rakitan dalit (kompositum)
Ciri-cirina :
* Unsur-unsur geus awor pisan nepi ka boga harti mandiri.
* Nulisna dikantétkeun.
Contona : panonpoé, mataholang, kacapiring, parahulu, rajakaya, jrrd.
b. Kecap kantétan rakitan anggang (aneksi)
Ciri-cirina :
* Unsur-unsurna can awor pisan
* harti kecap kantétan masih kénéh bisa dititenan tina unsur-unsur pangwangunna.
* nulisna dipisahkeun
Contona : konéng gedé, kacang panjang, indung bapa, mata simeuteun, pondok léngkah, kamar mandi, gedé hulu, jrrd.
5. KECAP WANCAHAN
Kecap wancahan nya éta kecap anu asalna meunang mondokkeun tina sakecap atawa leuwih tapi lain tina kalimah, pangna dipondokkeun aya sababaraha sabab :
a. Lantaran deudeuh : Geulis : jadi lis, neulis, euis.
b. Rusuh nyebutna / gancang :
* Atuh jadi atuda, tuda
* Matak téa ogé jadi matakgé
* Ceuk uing ogé jadi cékénggé, jrrd.
6. KECAP MEMET
Kecap memet nya éta kecap anu asalna tina omongan tuluy dicokot sawatara engangna nu dianggap penting, contona : comro, misro, ciréng, gulamet, sukro, jrrd.
Contona : géksor, durcong, guru, jrrd.
No comments: