SUNDA JEUNG KASUNDAAN
Sabada maliré kumna
pamendak jeung saran sarta hasil panyawalaan ti baraya, sim kuring nyindekeun ieu hasilna, pamuga ieu
kacindekan jadi bahan ahir keur nyieun kacindekan ti KADAGA SUNDA ngeunaan Sunda
jeung KaSundaan.
Bubuka
Kanyaho urang Sunda ngeunaan nu aya
hubungana jeung ‘sesebutan’ Sunda rupa-rupa, ti mimiti nu nganyahokeun Sunda dina harti kayakinan, budaya, karajaan, etnis, basa, tempat,
sastra, seni tug nepikeun ka nu teu apal pisan naon ari Sunda téh.
Salian ti rupa-rupa kanyaho urang Sunda ngeunaan ‘sesebutan’ Sunda éta, harti nu
dipaké ku para budiman ngeunaan Sunda ogé robah
robah ti jaman ka jaman. Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti Sunda téh
nepikeun ka leuwih ti 25 harti (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus
basa Sunda [timiti citakan ka 1
(LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992)] ngan dihartikeun sacara etnis
sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah robahna ieu nunjukkeun
robahna pangarti para budiman urang Sunda dina ngama’naan Sunda jeung dina ngajelaskeun ngeunaan
tangtungan Sunda ka bangsana.
Ka béh dieunakeun dina Ensiklopedi Sunda (2000), ku para
budiman nu ngadamelna entri Sunda dihubungkeun deui jeung budaya, tempat,
etnis, karajaan, sastra jeung basa nu ngarupakeun ‘produk’ atawa tapak budaya
nu geus kakumpulkeun, tapi acan nuduhkeun jeung ngajelaskeun kayakinan eusi
atawa jati nu jadi, jeung nu kudu jadi, tangtungan urang Sunda.
Ngeunaan kayakinan eusi atawa jati dina
ensiklopedi Sunda ngan saukur dihubungkeun jeung entri agama Sunda wiwitan nu
dibéré koméntar ‘hanya sedikit diketahui’, ogé teu aya katerangan ngeunaan
hubungan eusina jeung ageman ayeuna nyaeta Agama Islam. Padahal, di bagian séjeé
di sebutkeun yén dina pamahaman para budiman urang Sunda, aranjeunna pernah
garaduh pamadegan yén budaya Sunda téh mangrupakeun ‘seluruh perwujudan
gagasan, perilaku, dan hasil kegiatan manusa Sunda dalam bidang-bidang;… , dan
sistem religi (ensiklopedi Sunda, 586). Tangtu ‘kecap’ religi téh nyoko kana
kayakinan tangtungan eusi atawa jati.
Sedengkeun, pangaweruh ngeunaan Sunda nu
nuduhkeun tangtungan eusi atawa jati, lain ngan saukur ‘produk’ jeung tapak,
diperlukeun pisan di ieu jaman global dina upaya miara jeung ngawariskeun
budaya Sunda ka generasi nu pandeuri.
Perluna téh lantaran kahiji, generasi Sunda
ayeuna geus réa manggihan budaya-budaya séjén nu ‘aralus’ jeung geus dipaké
nyampak dina kahirupan sapopoéna, pangpangna budaya ti Jawa nu geus réa campur
dipaké di Sunda, Arab nu jadi ‘baju’ Islam, ‘Indonesia’ nu jadi budaya
formalna, jeung budaya barat nu maju élmu jeung teknologina, nu ku ‘kaalusana’
téh geus réa jadi bagian tina kabiasaan hirup sapopoéna.
Tangtungan jati atawa asal ieu, nu lamun
bener tur alus mah, bisa nimbulkeun kareueus ngeunaan asal usulna sorangan jadi
urang Sunda - boga ‘asal usul nu pantes diakukeun’ – jeung bisa jadi cecekelan
dina kahirupan ngajajar jeung jajaran sélér-bangsa lain. Lamun geus boga
kareueus ka asal usul jatina tangtu daék kawaris, daék maké jeung daék
nanjeurkeunana.
Kaduana, budaya Sundana sorangan nu rék
diwariskeun ayeuna geus saru geus nyampur jeung budaya deungeun, jeung geus réa
teu jadi pakéan kalolobana urang Sunda ayeuna, atawa ngan saukur jadi
‘pinggiran’ dibanding dominasi budaya ‘alus’ lainna. Kukituna tangtungan eusi
atawa jati luluhurna bisa jadi payakinan jeung pamaké dina milih budaya-budaya
nu aya ayeuna, terus dina maké jeung mekarkeunana keur ngajembarkeun tangtung.
Bubuka ieu ngarupakeun guaran panganteur ngeunaan Sunda
nurutkeun harti asal nu aya hubungana jeung kayakinan ngeunaan tangtungan Sunda,
utamana Sunda eusi atawa jati malah mandar nanjeurkeun deui Sunda.
I.
HARTI
KECAP
·
"Sunda" wancahan tina kecap "Sumurup Ning
Dawuh". Dawuh hiji kecap Linduhung anu tara Salah ti Hyang Maha Bener. Sumurup hartina lebet ka
jero
ati sanubari. Jadi urang Sunda
mah
kasurupan ku dawuh luhung jeung Agung Kana jero dadana. Sunda jauh tina sifat
angkara.
·
Sunda, Sadhu, Santa, Bhudi.Jalma-jalma anu kasurupan ku dawuh
agung ngalantarankeun ki Sunda gedé tinimbangan (Shadu) bari tumetep aya dina
kasucian (Santa) ngaléngkah ngusikkeun diri pikeun ngahontal
kasampurnaan dirina tur bangsana, sangkan jadi jalma pinilih di
ieu dunya.
·
Wangenan Sunda dumasar kana basa mah parantos seueur diserat rupina. Aya nu nyebat beresih, seungit, caang, wening, éndah, kasép (Sundara) jeung geulis (Sundari), gumawang moncorong ,sareng sajabina.
Wangenan Sunda dumasar kana basa mah parantos seueur diserat rupina. Aya nu nyebat beresih, seungit, caang, wening, éndah, kasép (Sundara) jeung geulis (Sundari), gumawang moncorong ,sareng sajabina.
·
Aya
deui nu ngahartikeun Sunda tina kirata iSUN DAt. Guaranana tangtu jero kudu
ditinggali tina aweuhan palasipah.
II.
SISTEM
KAHIRUPAN
SUNDA mangrupa sababaraha perkara:
·
BANGSA SUNDA: fokus kana bukti sosiologis, antropologis,
historis tur filosofis kacida atra jéntré
tur écés yén BANGSA SUNDA téh salah sahiji bangsa nu mibanda ciri
watek pasipatan anu béda ti bangsa lian.
·
BUDI SUNDA
Ieu ngawengku kana budi basa, budi daya. Langkung jero ngeunaan Aji Etika (hirup kumbuh nu walagri) sareng Aji Metafisika (hurip sajatining hurip miajén Gusti Hyang Widhi Nu Murba Wisésa nu dina prak-prakanna teu leupas tina Hirup Sapopoé nyatana Hirup Kumbuh nu Walagri).
Ieu ngawengku kana budi basa, budi daya. Langkung jero ngeunaan Aji Etika (hirup kumbuh nu walagri) sareng Aji Metafisika (hurip sajatining hurip miajén Gusti Hyang Widhi Nu Murba Wisésa nu dina prak-prakanna teu leupas tina Hirup Sapopoé nyatana Hirup Kumbuh nu Walagri).
·
WEWENGKON SUNDA
Gusti Hyang Widhi Nu Murba Wisésa nempatkeun karuhun Sunda pinasti di hiji patempatan anu pasini. Bukti kiwari, BANGSA SUNDA nu ngalaksanakeun hirup tur hurip ku BUDI SUNDA téh ayana di wewengkon PROVINSI JAWA BARAT jeung PROVINSI BANTEN, jeung sabgai leutik PROVINSI JAWA TENGAH, REPUBLIK INDONESIA.
Gusti Hyang Widhi Nu Murba Wisésa nempatkeun karuhun Sunda pinasti di hiji patempatan anu pasini. Bukti kiwari, BANGSA SUNDA nu ngalaksanakeun hirup tur hurip ku BUDI SUNDA téh ayana di wewengkon PROVINSI JAWA BARAT jeung PROVINSI BANTEN, jeung sabgai leutik PROVINSI JAWA TENGAH, REPUBLIK INDONESIA.
·
SENI SUNDA
Sakur bangsa pinasti mibanda estetika. Nya kitu pisan Bangsa Sunda nu hirup+hurip ku Budi Sunda nu sumebar anak baranahan di Tatar Sunda. Estetika Sunda nu pituin teu pacampur jeung deungeun/
Sakur bangsa pinasti mibanda estetika. Nya kitu pisan Bangsa Sunda nu hirup+hurip ku Budi Sunda nu sumebar anak baranahan di Tatar Sunda. Estetika Sunda nu pituin teu pacampur jeung deungeun/
Sunda dina guaran kajayaan sareng kahéngkéran.
Mangsa Puncak Kajayaan: Sunda mangsa harita bisa disebut "way of life" nu ngawengku kana : Kayakinan, Kabudayaan (adat, seni, basa, teknologi, paripolah ), Sosial kamasarakatan, Pamaréntahan, jeung Wilayah.
Jadi upama disebut Sunda, bisa jadi nu kagambar ku masarakat jaman harita nyaéta hiji tatanan kahirupan nu lengkep ti mimiti kayakinan tug nepi ka wilayah.
Wangenan Sunda Mangsa Héngkér (morosot):
Cindekna nya mangsa kiwari. Mangsa di mana umumna balaréa upama ngadéngé kecap Sunda nya nu kagambar téh hiji etnis nu disebat suku Sunda.
Mangsa Puncak Kajayaan: Sunda mangsa harita bisa disebut "way of life" nu ngawengku kana : Kayakinan, Kabudayaan (adat, seni, basa, teknologi, paripolah ), Sosial kamasarakatan, Pamaréntahan, jeung Wilayah.
Jadi upama disebut Sunda, bisa jadi nu kagambar ku masarakat jaman harita nyaéta hiji tatanan kahirupan nu lengkep ti mimiti kayakinan tug nepi ka wilayah.
Wangenan Sunda Mangsa Héngkér (morosot):
Cindekna nya mangsa kiwari. Mangsa di mana umumna balaréa upama ngadéngé kecap Sunda nya nu kagambar téh hiji etnis nu disebat suku Sunda.
Kacindekan: Wangenan Sunda nyaéta hiji sistim kahirupan nu lengkep mangsa aya di puncak kajayaan. Ku obahna jaman, wangenan Sunda robah jadi ngan saukur hiji etnis nu ayeuna katelah suku Sunda.
III. PALASIPAH KASUNDAAN
A.
Sunda Dina Harti Sunda Asal jeung Kayakinan Ngeunaan Tangtungan Sunda
Dina Kamus Umum Basa Sunda (LBSS)
disebutkeun yen harti asal Sunda, téh caang, gumawang moncorong, kukituna Sunda
téh mangrupakeun Nur atawa cahya.
Jadi, nurutkeun harti asal diluhur, kaSundaan
teh ngarunut kana sifat sifat Sunda, sifat sifat caang gumawang jeung moncorong
cahya atawa Nur.
Ana kitu mah anu nyunda téh nyaéta anu
caang anu gumawang anu moncorong cahayaan.
Sedengkeun Nyundakeun jadi ngandung harti
nyaangan mindahkeun tinu poék kanu caang kana cahaya.
Harti Sunda asal ieu saenyana nuduhkeun
hiji ulikan tuturunan nu jadi dasar tangtungan jeung payakinan tedak Sunda.
Pustaka na gé aya dina Sunda. Panganteur pikeun éta ulikan didugikeun saperti
dihandap ieu:
B.
Ulikan KaSundaan asal (wiwitan)
·
Sunda dina kaSundaan asal ngawengku ka cahaya nu kapanggih ku
kamampuh lahir jeung cahaya nu kapanggih ku kamampuh batin.
·
Pangaweruh ngeunaan Sunda, cahya atawa Nur ieu jeung kamatihan
kamampuhan nu bijil tidinya dina pola pikir pola laku geus mangrupakeun ulikan
anu masagi, sanajan kadieunakeun beuki teu populer malah karasa ‘asing’.
·
Ieu Sunda téh kapanggih, Aya, dina jeung jeroeun tangtung katut
luareunana; Sunda nu kapanggih jeung aya dina jeung diluar tangtung disebut
Sunda luar, ari Sunda nu aya dijero tangtunganana disebut Sunda jero.
Sunda luar
Sunda luar kapanggih pangheulana, mimitina
ku parabot ngagunakeun awasna panca indra, angkeuh jeung uteuk kawas Sunda
panonpoé, Sunda bulan jeung Sunda béntang nu langsung kapanggih ku pancadriana
nepikeun ka nu kapanggih ku uteuk jeung angkeuhna bari makée parabot dhahir
kayaning Sunda seuneu, Sunda lampu jll - katompérnakeun ku pangaweruh nu
kapanggih ku pancadria, uteuk jeung angkeuh teh nyata yén Sunda ieu aya ditiap
barang dhahir (E=mc2)]. Kecap Sunda keur nerangkeun Sunda luar kadieunakeun
jarang dipaké cukup ku cahya/caang lampu, cahya/caang panonpoé jrrd.
Sunda luar ieu méré tuduh némbongkeun kana
rupa rupa kanyatan hal/barang, nu cicing atawa usik, nu aya didhahir. Ti dinya
terus mangaruhan nyaangan rasa rumasa inyana ngeunaan kahirupan jeung hirup
huripna. Tina rasa rumasa ieu mekarkeun pola pikir pola laku budayana.
Sunda jero
Sunda jero, nu jadi poko bahasan ieu
guaran, kapanggih mimitina ku parabot ngagunakeun rasa - ari rasa téh
mangrupakeun awasna Haté, Ati atawa dina basa arab mah disebut Qalbu - tapi
rasana lain rasa rarasaan, rasa ieu rasa nu dijurung jeung boga rumasa kana
katunaan panca indra, rumasa kana katunaan angkeuh jeung uteukna. Ku karumasaan
ieu, rasana jadi awas kana ayana Sunda jero.
Sunda luar luas ambahanana da kapanggih
aya di alam dhahir, sedengkeun Sunda jero nyamuni kapanggih ayana heureut di
jero tangtung. Tapi, lamun geus kapanggih Sunda jero ieu luar biasa gedéna (Sunda
besar) jeung guna katut kamampuhna ngawengku jeung metakeun sakabéh alam katut
eusina.
Ku pangaweruh ngeunaan Sunda jero
katuduhkeun yén Sunda nu aya di ieu alam dhahir, Sunda luar, ngan mangrupakeun
gambaran, tanda, usik, ciri jeung tuduh ayanana Sunda jero, matak Sunda luar
disebut ogé Sunda kecil. Sunda luar disebut oge Sunda Sajati lantaran
ngarupakeun tanda kanyataan ayana Sunda jero nu jadi jatina. Ulikan ngeunaan Sunda
luar atawa Sunda sajati sok disebut ulikan cangkang da Sunda luar téh
ngabungkus ngahalangan Sunda jati. Sedengkeun ulikan Sunda
jero (jati) disebut ulikan eusi sabab Sunda jati téh eusi poko sumberna Sunda
luar atawa Sunda sajati.
Sunda jero leuwih hésé kapanggihna timanan
Sunda luar, pareng bisa kaawaskeun jeung mermanakeunnana téh saeunggeus boga
kanyaho ngeunaan Sunda luar sabab nyamuni di
jero
tangtung, kapanggihna lamun bisa ngaleutikeun tug nepikeun ka nyirnakeun
tangtung (heula) nyirnakeun (heula) kanyaho nu bijil tina angkeuhna, tina
uteukna jeung tina pancadriana kanyataan naon nu sok di ‘jargonkeun’ (dijulukan) paéh saméméh paéh, dina ulikan Sunda eusi jadina paéh saméméh paéh
téh ku cara tumut turut tunduk sumerah ka Nu Maha Suci (aslamtu – Islam - Muslim).
Kanyaho Sunda eusi nu geus kahontal ku
luluhur tedak Sunda mangrupakeun kanyaho nu nepi ka hambalan luhur alam cahya
(Nur), atawa alam malakut (malak = cahya), disasmitakeun
ku
julukan alam kaHyangan - alam kahyangan alam luhureun alam kadéwaan (déwa=dev=cahaya).
Jadi kanyaho Sunda eusi ngeunaan ulikan dina hambalan cahaya luhureun cahaya - nurrun ‘ala nurrin. Alam Sunda (cahya
Nur) eusi atawa jati tempat nganyahokeun ayana AYA, ogé merenahkeun gambaran kajatian
mutlak panungtungan nu pangluhurna atawa pangjerona ngeunaan Nu Murbeng alam.
Kapanggihna lamun mampu beberesih nepikeun ka geus teu ku manéhna manéhna acan.
Nyunda Dina Tangtungan Sunda
Eusi
Saeunggeus rasana manggihan Sunda jero, si
rasa jadi leuwih awas dina nengetan jeung nangenan hirup. Leuwih awasna rasa ieu ngajadikeun uteuk leuwih éncér atawa sok
disebut caang uteuk; panca indra na leuwih awas jeung leuwih mampuh malah
ahirna, lamun permana jeung pengkuh, bisa mampuh ngawaskeun Sunda jati;
angkeuhna jadi leuwih merenah da boga rumasa kacaangan terus bisa mernahkeun
tangtung, tungkul ka jukut tanggah ka sadapan bisa pindah cai pindah tampian.
Nya usikna jadi nyunda caang gumawang (hérang beresih) tanda Sajatina Sunda
(eusi/jero).
Nu nyunda katingal katengetan ku batur
moncorong tanda kanyataan Sunda jati dina tangtungan. Moncorong téh kaciri
leuwih caang jeung “fokus” ti
sabudeureunana. nu moncorong téh teu kudu kabéh caang lir caang panonpoé tengah
poé, tapi nuduhkeun hijidi ‘hal’ nu leuwih caang leuwih buleud leuwih gumulung ti sakurilingna. Lampu bateré ogé nu weuteuh bisa moncorong ari
gumulung jeung poék mongkléng mah sabudeureunaan. Mata maung moncorong
lamun peuting mah, sabalikna panon poé gé karék disebut moncorong lamun keur
isuk isuk.
Jadi, jalmana karék disebut nyunda lamun
leuwih punjul ti nu lian tina sagala hal; bisa dina harti cahaya, aura, wibawa,
sima, pola pikir, élmu, kamajuan, karir, seler jrrd; tapi punjul na téh
nyaangan, jadi tuduh, conto, ngauban kanu lian.
Para budiman Sundana, lain Sunda dina
harti etnis atawa genetis tapi Sunda eusi, boh di ménak boh di cacahna barisa
nyararumput buni dinu caang hartina marampuh nyimpen angkeuh hawa nafsuna
nepikeun ka teu bijil dina waktu masamoan, nu bijil tina tangtungan kaciri ku
batur téh tinggal caang Sunda jatina nu caang nyundakeun nyaangan batur jeung
sabudeureunana.
Kadieunakeun harti nyumput buni dinu caang
téh sok dihartikeun nyumput teu kaciri ku batur nepikeun ka hésé kapanggihna.
Ieu carita teh bijil ti jalma nu teu ngarti Sunda eusi, komo manggihanana, jadi
teu bisa nengetan ka nu nyunda (eusi) da lamun weruh ka semuna mah satemena nu nyumput buni dinu caang téh gampang ka ciri da caang jeung
moncorong. Caang ucapna caang lampahna caang uteukna moncorong tangtunganana
gumawang eusina nya tandaning Sunda téa.
Pikir, ucap jeung lampahna anu nyunda, di antarana katengetan ngaliwatan para budiman Sunda eusi, tara
kaluar kapangaruhan ku angkeuhna tapi pengkuh nurutkeun gerentes ati putihna.
Dina prakna katéembong ku batur bijil
nyari tina SIR na, kaatur nurutkeun kumaha RAS nu bijil tina rasana, nya sok disebut
sir kusari ras
kurasa kumambang di alam rasa,
rasa sajatining
rasa nya rasa nu caang kacaangan Sunda.
Ringkig jeung rengkakna nuduhkeun jeung némbongkeun
Sunda eusi nu sok kaciri dina tata lakuna. Tapakna ayeuna bisa katengetan, di antarana, dina seni ‘kesenian’ baheula atawa dina gerak ulin maén po (penca eusi).
Lamun teu nyunda - teu jadi Sunda, teu
jadi caang – ngan saukur nyaho ayana caang, komo teu apal, teu karasa teu
kapanggih mah tangtu Hirupna moal hurip, poék kabawa sakaba kaba kasasar
tibabaradug. Nya disindirkeun salah sahijina maké dongéng Sangkuriang
-
nyaéta ngeunaan nu geus loba kanyaho jeung pangaweruh tapi henteu caang eusi
henteu nyunda jati:
Lamun (gunung) Sunda
(Nur)na
euweuh teu katangen ku diri, (Gunung) Sunda
(Nur)na
geus musna teu kapanggih, ilang ngan kari dongéngna. Nya tinggal burangrangna
ngagunung ngajegir ngarangrangan, parahu hirupna teu bisa lalayaran da geus
nangkub dina kabingung. Diri ngan jadi tunggul, tunggul nu jadi sagedé gunung
lantaran teu bisa nunggalkeun awak, lantaran teu bisa mendet (sang Hyang)
tikoro, tikoro nafsu manéhna sorangan nu tungtungna ngaberung nafsu ngumbar
amarah. Henteu apal kana wayah, asa peuting asa beurang, katipu ku lisung
batur. Jadina sok teu wayahnaan, teu nyaho ka wayah (waktu) teu bisa
merenahkeun awak. Ajina jadi teu matih jampéna jadi teu teurak, situ huripna
teu jadi. Ngarungsing keur ngorana, kurunyinyi pakokolot, euweuh anu
lalebareun, da saha anu lebarna ari lain nu ngarasana.
Dongéng Sangkuriang
tangtu ngarupakeun kapinteran budiman Sunda baheula dina nyilibkeun eusi da
gunung gunung jeung carita urut situ mah geus pasti aya méméh dongéng Sangkuriang nangkubkeun gunung kacaritakeun. Kajadian alamna aya
heula terus katengetan jalma budiman, nya hasil tina nengetan lingkungan téh
tuluy dianggit diréka jadi carita bari ditambahan nyilibkeun eusi.
Pustaka
Sunda: KaSundaan Eusi Disimpenna Dina Sunda
Pustaka ngeunaan tapak tapak budiman Sunda
disimpen na lain dina daluang atawa barang tapi dina hambalan Sunda jati.
Kukituna Aya jeung barangna éta Sunda, katut tapak-tapak khasanah jeung
kamampuh Sunda mah ngan bisa kapanggih lamun jalmana mampuh nganjang ka
hambalan Sunda.Tapak barang jeung daluang mah ngan sabagian hasil pagawéan tina
maké jeung kacaangan Sunda eusi nu bisa jadi tuduh ngeunaan Sunda sagemblengna.
Pustaka ieu bisa kabaca katengetan ku nu
mampuh nganjang ka hambalan Sunda. Pustaka Sunda éta satungtung dunya ieu aya
moal keuna ku ruksak. Moal hésé neundeun moal hésé nyokot moal beurat mamawana
da henteu maksa dina marenganana. pasipatan ieu pustaka
sok disindirkeun ku kecap diteundeun di
handeuleum sieum di tunda di hanjuang siang paragi nyokot ninggalkeun. Éta
kabéh lain tangkal nu ngajentul tapi tangkal diri nyaéta Handeuleum sieum nu
ngahirupkeun Nur hanjuang siang nu ngahuripkeun rasa, kabéh alat jeung “kecap-sandi”-na sabenerna aya di seuweu siwi tinggal nganyahokeun jeung makéna,
népakeun jeung nuduhkeun kana ieu ‘konci’ jadi kawajiban budiman Sunda tiap jaman
supaya seuweu siwi teu poékeun tangtung, supaya seweu siwi Sunda (etnis/genetis)
mampuh maca éta pustaka terus katuduhkeun jeung jadi nyunda (caang).
Tempat nyimpen khasanah Sunda eusi nu
ayana di alam nur Sunda sok dituduhkeun, di
antarana,
ku carita Mundinglaya Di Kusumah:
yén lamun hayang ngamulyakeun Pajajaran (awak) kudu manggihan Layang ésalaka Domas = Layang
=bacaan, tingali kecap asal Qur’an
=
bacaan) Salaka Domas = nu caang cahayaan lir emas sinangling), aya ogé nu
nyebut Layang Sasaka Domas, sasaka=tihang, jadi maskudna sarua waé nyaéta bacaan nu
jadi tihang tangtungan nu mangrupa Nur Sunda. Éta bacaan téh ayana di jabaning
langit =langit nu séjén ti langit dunya nu kapanggih ku nu perluna harita. Ieu
ngandung harti langit kanyaho lain nu aya di alam nur Sunda.
Bacaan di langit nu lain ti langit dunya
nu sasari téh kapanggihna ngan ku Mundinglaya Di Kusumah (munding=héwan, laya=paéh, kusumah
= kamanusaan; tangtungan kamanusan nu kahéwanana geus paéeh).
Sanggeus ngéléhkeun poék na hijab jungkiringna awak (Jongrang Kalapitung) terus meruhkeun Guriang Tujuh, tujuh
patapaan panaékan awak nu kudu dihijikeun ditunggalkeun. Nya, jadi Guriang Tunggal nu boga ciri wisésa dina
wayah.
Ahirna lamun bisa wisésa dina wayah, meunang bacaan (layang) nu mangrupa Sunda (nur) nu lir emas
sinangling (Salaka Domas) atawa
jadi tihang (sasaka) tangtungan. Ieu layang Nur (Sunda) teh terus marengan
kababawa jeung nu wisésana keur pakeun jeung bacaeun di
alam
dunya, jadi tuduh kamulyaan hirup.
Tuduh lain ngeunaan pustaka jeung kamampuh
Sunda eusi di antarana sok disasmitakeun ku caritaan
ngeunaan Gunung Sunda. Gunung Sunda hiji ngaran gunung nu réa diakukeun aya di
ampir saban wewengkon di mana para budiman Sunda eusi pernah nurunkeun jeung nepakeun éta
ulikan misalna di Subang, Sukabumi, Ciamis jrrd. Gunung Sunda éta dipaké nunjukkeun ayana tempat
caang (nur) Sunda eusi di mana kamampuh luluhur aya, bari jeung
Gunung Sunda geologisna mah geus euweuh.
Kanyataan jadi lobana akuan tempat ayana
gunung Sunda sabab harita mah komunikasi antara Wiku/Ajar jeung jalma-jalma nu
diajarna teu saperti ayeuna. Jadi lamun ceuk hiji pandita dina hiji waktu ‘ieu
yeuh ‘tempat’ manggihan Sunda eusi’, nya terus tempatna jadi disimbolkeun
ngaran Gunung Sunda. Terus lamun diwewengkon lain aya Ulama/Wiku lain nu
nepikeun Sunda eusi, ‘tempat’na téh disebut deui gunung Sunda, da dijaman
harita leuwih ‘komunikatif’ nuduhkeun eusi maké perlambang Gunung anu jelas
kaciri ngeunaan ‘gedé’ jeung ‘agung’ na eusi Sunda.
Jaman harita tangtu teu jadi masalah méré
ngaran ka hiji gunung/pasir, jeung jadi teu asa pacorok jeung ngaran
pasir/gunung di wewengkon lain nu (relatif) paanggang,
bisa jadi dina waktu harita teu katepikeun ka
tempat
lian, bari komo ngaran éta henteu negrak da ngeunaan perlambang
eusi. Nya terus éta ngaran turun manurun napak di dinya.
Tapi ayeuna, ku komunikasi nu geus sakitu
gampangna jadi timbul pasualan naha gunung Sunda teh bet jadi loba. Mana gunung
Sunda nu benerna? Kabéh ogé bener, da bisa jeung meunang waé, tapi nyata AYAna
mah dina tangtungan nu manggihanana baheula jeung nu katepaan tur
nanjeurkeunana ayeuna, da ngaran gunung Sunda na mah ngan saukur siloka
perlambang nu dibarengan tapak.
Mangga tengetan, éta téh sawanda jeung
‘dongéng’ gunung pasir di Arab nu disebut Jabal Nur (Jabal=gunung, Nur=Sunda).
Eta gunung dingaranan gunung Sunda lantaran tempat éta nu dianggo Kangjeng Nabi
Muhammad saw khalwat teras mendakan Nur (SUNDA eusi/jati) bekel nyaangan
(nyundakeun) umat.
Jadi perluna urang Sunda dituduhkeun
ngeunaan ulikan Sunda téh sabab lamun teu wanoh kana aya tur barangna ulikan Sunda
eusi, can bisa nganjang ka éta hambalan Sunda, bakal hésé nuturkeun carita
carita kaSundaan (eusi) komo meunang pustaka Sunda eusi keur bekel nyundakeun
urang Sunda (etnis/genetis), merenahkeun jeung nanjeurkeun deui budaya anu Sundana,
da disimpenna éta pangaweruh nu méré kamampuh téh ayana dina hambalan Sunda.
Lamun can pernah nganjang ka hambalan
Sunda, Kabinangkitan luluhur Sunda dina nepikeun tangtungan ngaliwatan sasmita jeung perlambang nu nuduhkeun aya jeung barang dina hambalan
Sunda téh hésé kahontalna, nya terus biasana nu can ngahontal ieu nganggap éta
‘pituduh’ téh ngan saukur mitologi
nu teu cocok jeung paham Islam. Ku lantaran dianggap mitos atawa dimitoskeun
ku budimanna [mitos=takhayul=ngahayal=supertisi] jadi wé selerna gé teu bisa
nyokot hikmah, teu bisa katuduhkeun, tina éta carita ngeunaan luluhurna, terus
akibatna, budayana gé kagerus da teu kanyahokeun jatina.
Tapi, Lamun geus nyekel jeung weruh kana eta ‘Aya’ jeung
‘barang’na ulikan tangtu kapanggih yen dina ‘dongeng-dongeng’ kaSundaan aya
‘benang merah’ nu natrat ngeunaan tangtungan Sunda, ulikan Sunda, nu rea
dianggit dicaritakeun ku rupa rupa kabinangkitan luluhur tedak Sunda keur nuduhkeun
SUNDA jeung kamampuhna ka seuweu siwi sélér bangsana.
Malah
mah,
di mana geus manggihan hambalan Sunda tangtu engké bisa
kabaca bisa katengetan ayana ‘teknologi’ Sunda nu geus kapanggih ku budiman
tedak Sunda ti bihara ka bihari nu dipaké pikeun nyundakeun alam katut eusina.
Conto-conto ‘teknologi’ Sunda eusi nu pinunjul -nu ngan bisa kapanggih, ka
wacanakeun, kabukakeun di antara nu aya jeung keur dina hambalan Sunda-
sok réa dijargonkeun di wacana sapopoé ku istilah élmu kabuyutan Galunggung (nyusuk tempat suci dina awak supaya jadi caang lir
inten dina galuh nu agung), élmu kasiliwangian
(élmu silih seungitan pada batur), jeung élmu kasumedangan (élmu madangan, nyaangan nyundakeun alam tur eusina)
atawa élmu kabantenan (élmu sasaka
supaya jadi kanyataan ujung kulon). Jadi jargon sotéh, lantaran dina hambalan Sundana
éta ‘teknologi’ téh geus jadi ulikan nu masagi tapi sifatna eksklusif ngan
kahartieun ku nu kabeneran katepaan lantaran panggih jeung Ajar/Ulamana.
LINKS KASUNDAAN
Mung
abdi mah paling2 nyutat kamandang ti para ahlina wae sapertos diantawisna aya
di dieu :
1. http://tantrapuan.wordpress.com/2009/05/12/arti-kata-Sunda/
2. http://id.wikipedia.org/wiki/Sunda
3. http://www.Sundanet.com/?s=harti+Sunda
4. http://www.anjjabar.go.id/sel_pandang.htm
5. http://menjawabdenganhati.wordpress.com/2010/05/30/sunda-arti-dan-pandangan-hidup/
1. http://tantrapuan.wordpress.com/2009/05/12/arti-kata-Sunda/
2. http://id.wikipedia.org/wiki/Sunda
3. http://www.Sundanet.com/?s=harti+Sunda
4. http://www.anjjabar.go.id/sel_pandang.htm
5. http://menjawabdenganhati.wordpress.com/2010/05/30/sunda-arti-dan-pandangan-hidup/
Diserat sareng diropéa ku: Ki H. Iwan Natapradja, Puun
Kandaga Sunda
Tina sumbangsihna:
Dedi Ruspendi, R. Mohammad Badruzaman, Lucky Bachtiar (Manik Sundayana),
Rizal Safria Wiraatmadja sareng tina seratan Prof.Dr.H Dadang
khamad, Msi dina Agama Islam dan budaya Sunda, KIBS 2001
No comments: