LAYANG CAANGNA HIRUP
Seratan ieu pikeun sakabéh manusa anu butuh
kana didikan jeung atikan hiji élmu pikeun nganyahokeun makna-makna jeung
omongan anu ngandung hikmah. Sarta panungtun supaya éta manusa téh bisa paham
kana bebeneran jeung jadi pinter. Gunana ogé pikeun nangtungkeun kaadilan jeung
kajujuran kana dirina. Muka kana kapinteran diri pikeun manusa nu pinuh ku
pangalaman jeung panemu jeung ngajarkeun kawijakan pikeun anu ngarora.
Muga-muga nadi hiji kahadéan, di mana nu aranom gé diajar kana bab kawijakan
diri jeung meunang bahan babandingan anu hadé
pikeun ngarti jeung ngahartikeun dina babngajalankeunn hirupn anu pinuh
ku rupa- rupa pasualan. Muga-muga paribasa jeung siloka manusa nu wijak bisa
nungtun balaréa ka jalan anu dipikaridho ku dirina jeung Gustina, sieun kana
salah jeung hayang manggih anu bener.
Manusa nu bodo moal beuki kana mikir jeung ngahinakeun kana
jalan nu bener. Moyok kana didikan diri. Sarua jeung mopohokeun kana nu aya
dina jero dirina nyaéta hiji rasa nu mulya. Pinuh ku lautan élmu jeung
ma’rifatna diri nu hakiki.
Saeutik kudu mahi loba kudu nyésa,
mun mahi pikeun diri aya
nyésa pikeun sasama,
nyanggakeun sadaya-daya teu
rek ngaku teu rĪk ngaboga-boga,
mun dekil sing manggih cai, mun lapar sing manggih dahareun,
galah cedek papas runcing
moal rék leuleuwiheun,
mun ala kadarna caang damar sing jadi panggeuing kundangeun urang
saréréa,
ulah nafsu diakhératna ulah
nafsu di alam dunyana,
salamet sakawasana langgeung
salalawasna atining hurip.
Muji syukur urang sadaya ka diri urang pribadi. Nu masih kénéh tiasa
ngarasakeun hirup poé ieu.
Muji syukur sarta narimakeun hirup ku hirup kiwari dina kaayaan
séhat santosa ku caangna haté, caang pikir, cékas budi, wening galih, jembar
manah, ku ngayogana hirup nu sajati.
Dina kandungan saban manusa nu peryoga kana dirina,
munjung kana rasa hirup nu asli nu parantos wawuh jeung nyaksian
kana jero hirup nu haq.
Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa
kajurung ku jorojoyna haté medarna manah
kula niat mukasafah makna hirup nu ku kula kahartos, katingali,
kareungeu,
kaambeu jeung kabuktoskeun.
Deungeun pikeun eunteung baé nu lian pikeun tauladan
ayeuna kantun badan sakujur badé nyanggakeun ka Gusti rék
dihideungkeun,
rék dibereumkeun, kula nampi upami rék teras hirup, neda hurip
sanaos satungtung buuk,
neda sahurip sadami caang padang narawang hirup teu katungkul ku
pati
tapi hirup hurip tunggal tunggalna kula di Gusti ti luhur sahibas
rambut ti handap sahibas dampal, adeg-adeg kula Gusti tangtung na Gusti
abdina kula tunggaling Gusti,
Gusti nu di ahub tanjung , kula
nu wedi widi, widi napaan
anjeunna da ku dunya teu katepi,
ku badagna sok béngbatan,
sugan tepi lahir bathin rep sirep sa kujur tangtung, rep sirep di
sanubari, rep sirep sinuku tunggal, kabéh tunggaling pribadi yaiku sang ngawé
padang teka, maring sun sajati lā ilaha illallahu Gusti kuring nu sajati ora
ana kang sinembah anging ingsun kang dumadi sira ingsun ingsun sira sapadamian
ngajadi, pangajén aji wiji wiku wastu
kancana.
Cag.
Padukuhan Pakujajar, 25 Nopember 2016.
Ki Dr. Dharmasetiawan Natapradja
No comments: