Assalamu’alaikum wr. Wb.
Teu aya deui kecap anu payus didugikeun dina danget ieu kacabi ti ucapan “Syukur”. Syukur Alhamdulillahir rabbil ‘alamin, nganuhunkeun kana mangpirang-piran kanikmatan anu parantos dilimpahkeun ku Mantenna Allah swt. ka urang sadayana, dugi ka urang sadayana tiasa kempel dina ieu mandala Adiwarna Basa Sunda.
Sim kuring oge ngaraos reueus ku ayana ieu mandala réhna sawatara perkawis, di antawisna:
1) Basa Sunda ngarupakeun basa indung anu perlu dimumulé tur dipiroséa ku urang sadaya;
2) Urang nguping yén atikan Basa Sunda bakal dipupus atawa dileungitkeun tina kurikulum ajaran di sakola;
3) Geus loba nu teu maliré kana kalumangsungan basa Sunda;
Ngeunaan perkara anu kasebut di luhur, pamendak sim kuring anu ka hiji kieu: ku saha deui ieu basa Sunda dimumulé lamun lain ku urang sadaya, da bangsa batur mah moal teuing deudeuh kana basa Sunda jeung moal paduli lamun basa Sunda leungit.
Basa Sunda bakal leungit ilang lebih tanpa karana lamun teu diucapkeun ku urang, utamina di lingkungan kulawarga urang. Contona, upami di hiji kulawarga nu gaduh putra hiji, heug tara nyarios Sunda, atuh dina wapatna ibu-rama téh putrana teu tiasa nyanggem basa Sunda, antukna basa Sunda bakal leungit ti kulawarga éta, hartosna nu tiasa nyarios Sunda ngirangan, sanés nambihan. Mangga émutan sabaraha juta jalmi nu teu nyarios Sunda upami conto ieu kaalaman. Tada teuing nasa Sunda bakal ilang, sanés ngarekahan. Anapon, lamun gaduh putra seueur ogé upami pala putrana teu diatik basa Sunda, atanapi paguneman di bumina teu ku Basa Sunda, antukna basa Sunda bakal leungit dina mangsa nu moal lami deui.
Kadua: ngeunaan atikan di sakola, komo deui ieu mah penting pisan, kumaha badé lumangsungna basa Sunda nu dipikadeudeuh upami barudak di Tatar Sunda teu diatik ku basa Sunda. Keur mah basa Sunda teu dianggo di bumina, ayeuna teu dipasihan atikan anu leres di sakolana, atuh katutug katutuh tinangtos basa Sunda bakal ilang ti alam Tatar Sunda ieu.
Katilu geus loba urang Sunda anu teu paduli atawa teu maliré ka basa Sunda, komo kana lumangsungna mah. Tilu puluh taun kapengker, numutkeun catetan sajarah basa Sunda, di Tatar Sunda seueur majalah Sunda, di antawisna Manglé, Sari, Sunda Binangkit, Gondéwa, serat kabar Kujang, Sipatahunan, Galura, Salaka, sareng seueur-seueur deui. Ayeuna nu sim kering terang mung aya dua Majalah Sunda, Manglé sareng Koran Galura, duka nu sanésna mah. Hartosna dina mangsa 30 taun sabaraha ratus rébu jalmi urang Sunda nu henteu ngaos basa Sunda deui. Ieu hartosna, tos seueur urang Sunda anu teu maliré kana basa Sunda.
Ayeuna kumaha atuh carana supaya basa Sunda lumangsung?
Pamendak sim kuring kedah aya atikan ngeunaan TATAKRAMA BASA SUNDA
Nurutkeun panalungtikan Tatakrama Basa Sunda atawa sok disebut ogé UNDAK USUK BASA SUNDA (UUBS) téh wangunna saperti kieu:
I. RAGAM BASA HORMAT (BASA LEMES)
Dina hakékatna digunakeunana ragam hormat téh taya lian pikeun nembongkeun rasa hormat ti nu nyarita ka nu diajak nyarita jeung ka saha nu dicaritakeunana. Ragam Basa Hormat aya dalapan rupa nya eta:
1. Ragam Basa Lemes Pisan/Luhur;
2. Ragam Basa Lemes keur Batur;
3. Ragam basa Lemes keur Pribadi/Lemes Sedeng;
4. Ragam Basa Lemes Kagok/Panengah;
5. Ragam Basa Lemes Kampung/Dusun; jeung
6. Ragam Basa Lemes Budak.
II. RAGAM BASA LOMA (AKRAB, KASAR)
Basa loma atawa nu ilahar disebut basa Kasar, saenyana lain dina harti kasar henteu ngahormat, tapi kulantaran digunakeun pikeun paguneman di antara anu geus wanoh, jeung babaturan ulin upamana. Ragam Basa Loma ieu teh aya dua rupa nya éta:
1. Ragam Basa Loma/Akrab; jeung
2. Ragam Basa Garihal/Songong/Kasar Pisan.
Ragam basa anu garihal ieu mah digunakeunana teh keur ka sato atawa digunakeun ku jelma nu keur ambek pisan.
Jadi Undak Usuk Basa Sunda disebut TATAKRAMA BASA SUNDA téh upama dijumlahkeun mah aya dalapan tahapan (ragam).
Tapi dina hirup kumbuh sapopoé mah masih kénéh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM , nyaeta:
• Ragam basa Loma/Akrab/Kasar
• Ragam basa Lemes keur Pribadi)
• Ragam basa Lemes keur Batur/Lemes Sedeng
Tapi nu jadi dadasar utama dina Tatakrama Basa mah nya éta itikad atawa kaweningan haté nu nyaritana. Kalemesan budi jeung rasa kamanusaanana. Hal ieu mah saenyana di luareun aspék basa. Tapi kacida nangtukeunana kana luhur-handapna ajén kamanusaan. Tatakrama raket tumalina jeung adat kabiasaan. Ku kituna dina ngagunakeunanana ogé tangtu baé kudu nitenan kana adat kabiasaan di wewengkon séwang-swangan.
KAGUNAN (FUNGSI) BASA
Digunakeunana basa sabagé alat paguneman téh tangtu baé aya maksud jeung tujuanana, di antarana baé nyaéta:
1. Basa téh digunakeun pikeun nepikeun élmu pangaweruh. Tatakrama basana ogé kudu singget, éces jeung nyusun.
2. Tegesna basa téh digunakeun pikeun mangaruhan batur, supaya nurut kana kahayang nu nyarita.
3. Tegesna basa téh digunakeun pikeun ngagambarkeun rasa kaéndahan. Ieu ogé aya tatakrama basana. Upamana baé kudu bisa gaya basa. Nyusun kecap nu éendah supaya nimbulkeun rasa éndah pikeun nu macana/ngaregepkeunana.
4. Nuwuhkeun rasa kataji (hormat, simpatik). Carana nyaéta bisa nyusun kecap, intonasi jeung retorika (elmu nyarita).
CARA DIAJAR NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA
Ngagunakeun tatakrama basa Sunda tangtu baé hasil tina diajar. Carana di antarana nya éta:
1. Sering ngimeutan batur nu basana luyu tur merenah (baik dan benar).
2. Sering maca buku nu bérés susunan basana.
3. Aya sikep kritis waktu maca atawa mun ngabandungan batur nu keur cacarita.
4. Biasakeun nyarita ngagunakeun basa nu luyu tur merenah.
5. Keur latihanana kudu dibiasakeun nyarita ulah rusuh teuing, jadi aya kasempetan pikeun milih jeung nyusun kalimah.
Di masarakat mah kamampuh ngagunakeun Basa Sunda, pangpangna ngagunakeun Tatakrama Basa kacida pentingna. Kapan aya paribasa: Hadé ku omong goréng ku omong. Basa mah henteu meuli. Basa mah leuwih seukeut tibatan pedang.
Nurutkeun hasil Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut, ditetepkeun yén Tatakrama Basa Sunda teh (UUBS) ngan aya dua Ragam/Tahap nyaéta:
1. Ragam BASA HORMAT, asal tujuanana nu nyarita teh hayang NGAHORMAT ka nu diajak nyaritana. Ku kituna henteu SALAH, atawa bisa dianggap BENER upama aya nu ngomong campur aduk ngagunakeun basa lemes keur batur, basa lemes keur Pribadi jeung basa lemes keur Budak, malah teu nanaon ngagunakeun basa lemes dusun/dialék ogé.
2. Ragam BASA LOMA. Ieu mah nya nu saperti ilaharna baé nu disebut basa KASAR. Digunakeunana pikeun nyarita jeung papada nu geus loma. Ngan tangtu baé ari basa garihal/songong mah tetep henteu pantes digunakeun dina cacampuran anu sopan mah.
Tapi tangtu bakal aya baé masalah nu disanghareupan mah, di antarana nyaéta kumaha bahan ajarkeuneun di sakola-sakola, da kapan ari di sakola mah tetep kudu ajeg dina palanggeran anu normatif. Ngan nu tetela ku kitu ku kieu ari Basa Sunda mah tetep kudu dipiara jeung digunakeun.
Sakitu babaran sim kuring, pamuga aya mangpaatna keur nanjeurkeun jeung ngajembarkaeun basa urang nu dipikacinta BASA SUNDA.
Assalamu’ alaikum wr. Wb.
Ki H. DR. Dharmasetiawan Natapradja.
No comments: