NUTURKEUN JAMAN


NUTURKEUN JAMAN

·         Nuturkeun jaman nu ditoongan ngudag mangsa nu diintipan, maca tapak nu dikoréhan, ngaji kasajatian nu ditéangan.


Nyukcruk galur panétéan lacak tapak panincakan lampah di unggal panyindangan. Milaku tur milampah nu teu ngahiding ku panglarang dina kurungan adab pingitan iketan tatali paranti kasajatian.


Pikeun ngahontal pangalaman metikan élmu rusiah nu dikoréhan, ngarawuan hikmah nu jadi dangdanan kamonésan. Talaga bedah geus kaliwatan, jaman sato geus karandapan, jaman édan ngawasaan, jaman édan muru arédan keur ngamangsa jeung ngajamanan dina puncakna kajayaan, nu ngabuah kajayaan dina karuksakan, nu ngadeg di unggal patempatan lampah kasajatian hirup hurip urang.


Babau tingpelenghir di sakuriling bungking kahuripan. Nutuh pikir ngaruntuhkeun pangarti nu jadi harepan kaluhuran, ngawangun katalangkéan nu jadi aib ka diri urang. Rurujit jeung nanajis nalembrak di sakuriling bungking kahirupan urang.


Ngarempag haté ngaruntuhkeun pamahaman nu jadi amparan kayakinan harepan kamulyaan, ngawangun kamurtadan nyuburkeun kakufuran, nangtungkeun berhala ngamakmurkeun kamusyrikan diri urang. Ngiruhan kaweningan cahaya nyawa urang nu jadi wadah cahaya sajati-Na, ngarurujit kasucian haté nu jadi tempat lalampahan kajatiana-Na, ngotoran kabersihan darma urang nu jadi tatapakan kaluhuran, kamulyaan, kaagungan lampah kasajatiana-Na . Babangké pasoléngkrah saincak – incak lampah kahirupan, ngarempag adab – adaban nutuh panarat nu jadi tutunggangan lampah harepan kaagungan.


Kahirupan geus dijarah nafsu nu teu kawuluku, mareuman kahuripan wangunan kasajatian urang. Kajayaan dijarah angkara nu teu kabadanan, meruhkeun nyawa ngaruntuhkeun tangtungan jatidiri urang. Wangunan hirup nu hurip ngan kari tapakna, tangtungan jatidiri nu jaya jeung digjaya ngan kari basana, nu aya ngan sakadar jadi buah carita kabuyutan tatapakan kasajatian bangsa urang.

 Nu kari ngan kalakay nu jadi runtah kasajatian, pasoléngkrah di unggal kahirupan, geus dijorag ku karongkahan dina kanistaan pangeusi jaman nu ngalaju di saban mangsa jeung jaman nu dirandapan.

Cimata seuri gogolontoran teu kawadahan mingkin teu kaangon, cimata ceurik uprat aprét mingkin teu kawuluku, nu garélo tambah ngajadi, nu arédan tambah rosa, nu rosa tambah rongkah, mingkin teu kabadanan ku kaimanan nu diamparan ku pangarti jeung pamahaman dina haté jeung pikiran nu jadi wadahna kasajatian waruga urang.


Panarat nu jadi tatali paranti kasajatian geus pabeulit dina cacadan, darma nu jadi adab – adaban kasajatian geus pajeujeut dina karuksakan, kahirupan geus pakusut dina panataan kahuripan.

Syaré’at nu ngaraga jeung ngajiwa geus loba ngajarah hakékat nu nga-akma jeung nyukma sareng kaayaan nu samulihna. Adab sareng tatali paranti kasajatian syaréat geus acak – acakan dijarahan nafsu kamonésan pikiran nu jadi angkeuhan mareuman kahuripan.

Hakékat nu tacan tepung sareng hakna pada ngajarahan, matak ngabingungkeun para musafir lampah kasajatian. Bangsa nyawa pangeusi alam jagat raya umumna geus teu nempat dina adab kasajatiana-Na.


Cag!


Padukuhan Pakujajar, 25 Nopember 2016

Ki H Dr Dharmasetiawan Natapradja

© 2014 – Yayasan SKKS

No comments: