AKI BOGA TÉKAD NGAJAJARKEUN JEUNG NGAJAGRAGKEUN!
Hampura
aki lain kumawani, aki
ngan nepikeun ngarah teu salah harti. Ampun paralun lain hayang kapuji, aki ngajak ngoréh nu jadi misti.
Teu
kudu gujrud aki datang ti mana atawa turunan saha, aki nyaah ka urang Sunda, bangsa nu geus ampir leungit cirina, teu hayang kaciri Sundana.
Sunda ngan saukur tinggal ngarana, jalmana
geus robah pindah wujudna, majar éra
ngaku jadi urang Sunda. Aki datang, aki miang aya maksudna. Jang urang Sunda sayaktosna.
Aki saparakanca
bakal datang, mantuan
aranjeun, lain nitah muji
ka aki, atawa hayang dipuji, …..paralun teuing, puji
mah mung kanggo Gusti Yang Widi Allahi Rabbi. Ulah nitah ka aki,
atawa hayang nempo aki.
Tuturkeun wé caritana, Carita urang Sunda,
nu ajeg ngaku urang Sunda.
Ayeuna geus deukeut mangsana. Iraha?
dagoan wé, dagoan wé
sapoe sapeuting! Da urang
mah ngadagoan téh ngan sapoé jeung
sapeuting.
Aki ménta
hampura ka sakabéh kasepuhan tur pinisepuh, aki hayang maluruh, sugan
bisa urang nyaho carita anu puguh. Sumangga ka sadayana nu nyaah ka urang Sunda, urang pagédrog
maké carita, teu
meunang maké rasa, urang
kahareupkeun maksud mimitina, urang
mimitian dina poéna, nuturkeun carita nu teu puguh ti mana asalna, aki mawa
carita nu mistina, lain ngan
saukur nu bisa katara. Sawaréh mawa carita nu asa enya, dumasar kana kitab nu jiga enya. Jieunan manusa nu teu kungsi
aya dina kajadianana nu enya. Ngan hanjakal tarung carita sok panghayangna
diaku enya. Sawaréh mawa carita ti kolot-kolotna nu enya, ngeunaan kajadian
nu teu kalakonan enya, ngan
hanjakal ngabéla ngan ku rasa asa enya, teu inget biwir
manusa sok jauh ti enya. Sawaréh ngan saukur ngadéngé
carita nu katingali enya, asa
milu jeung katingali enya, keun
waé carita jauh ti enya, jeung
sarua hanjakal sok paenya-enya. Sawaréh nungguan
nu mana nu enya, hayang
maluruh karuhun pituin nu enya, ngarah
bisa nyulusup kana haté nu enya, ngarah teu haben unggal poé teu nyaho nu enya.
Sawaréh
teu paduli nu mana nu enya, da
geus ngarasa euweuh patali jeung
kajadian nu enya, jeung ngarasa euweuh untungna maliré nu enya, nu penting
bisa hirup jadi jalma enya. Aki ngawakilan jalma nu ngalaman nu enya, dumasar kanu karasa, katingali, kainget nu enya, nu masih kumalendang ngalakonan di alam dunya nu enya, ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu enya. Hampura mun ceuk aranjeun teu enya, hampura mun teu kasawang ieu enya, hampura ulah kabawa haté nu enya, hampura mun aki mawa carita nu teu biasa enya.
kajadian nu enya, jeung ngarasa euweuh untungna maliré nu enya, nu penting
bisa hirup jadi jalma enya. Aki ngawakilan jalma nu ngalaman nu enya, dumasar kanu karasa, katingali, kainget nu enya, nu masih kumalendang ngalakonan di alam dunya nu enya, ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu enya. Hampura mun ceuk aranjeun teu enya, hampura mun teu kasawang ieu enya, hampura ulah kabawa haté nu enya, hampura mun aki mawa carita nu teu biasa enya.
Bisi
aranjeun hayang
leuwih telek kana diri aranjeun sorangan, aki Insya Allah bisa
mantuan mapay nu ku aranjeun geus kungsi kaliwatan, sakalian nunjukeun yén kami téh
lain heuheureuyan, istuning
ngaléngkah satékah polah
ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran baheula.
ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran baheula.
Aki saacanna ménta
dihampura ka balaréa, rumasa maké basa nu garihal karasana, supaya euweuh nu
ngarasa dibéda-béda, keun urang teundeun mun manggihan nu béda, urang gedékeun
jeung hijikeun nu sarua, sabab urang kudu taki-taki mapag mangsa kahareupna.
Aki bungah nu euweuh papadana, geuning loba kénéh
urang Sunda nu nyekel kasundaana, éta
tanaga nu lain leutik gunana, jang ngaléngkah nimukeun deui jati diri Ki Sunda
nu ampir euweuh dikieuna.
Keun aki nu rék tandang bari gandang, tanding bari
ginding, teu kudu ngahaja datang. Tuturkeun wé caritana, engké ogé bakal
pinanggih jeung anu kuduna, tuturkeun wé caritana. Teu kudu hariwang aki bakal
sabisa-bisa noong, engké ogé ngalaman nu sok rajeun ngaliwat kana pikiran, sugan
jeung sugan ku Allah diijinan. Aki muji kana pikiran nu panasaran, sabab bakal
metot jelema jang néangan, ngoréhan sésa-sésa nu bakal jadi cecekelan, ngarah
teu kasasab ka alam kangeunahan.
Éta nu ngawakilan budak kiwari mentingkeun eusi nu
pondok bari nyari, teu ngan saukur hayang kaciri, mugi pinanggih jeung jati
diri. Hiber di awang-awang, boga haté nu kerep baluang, nuturkeun indung suku
mapay-mapay alam anu ngambang, muga anjeun hirup mawa seungit kembang.
Aya hiji ngaran nu diudag ku sakabéh jalma di dunya, hampura
aki teu wani muka anjeun boga sukma, ari teu diijinan ku nu mikabogana.
Sunda bakal pinanggih deui jeung
kadigdayaan, asal urang teu poho kana wiwitan, teu miceun nu geus jadi ciri
kasundaan, teu ngaleungitkeun jasa jalma nu kungsi ngagedékeun Pajajaran.
Cag sakieu heula,
Ki Ajar Sunyapada, Kandaga Sunda
Padukuhan Pakujajar – 15 Mei 2015.
No comments: