MOLAH BARANG


Molah Barang


Awi dihua = dibeulah tepi ka aripis

Awi dileumpeuh = didéang (biasana make obor) bari dilelempeng, ilaharna awi pikeun gantar atawa pikeun songsong.

Béas disosoh = (biasana béas atah) diberesihan ku cara ditutuan deui lalaunan atawa digiling deui.

Béas ditapi = dipiceun kokotorna (bubuk, huut, jsb).

Béas digésoh = dipisahkeun sérahna ku cara ngoyag-ngoyag nyiru bari semu di puter.

Béas diisikan = dikumbah, diberesihan (bisana rék disangu)

Bendungan diaram = dihalangan jalan caina.

Buuk dikepang/diuntun = di bagi tilu tuluy dianyam.

Cau diempos = dipeuyeum kana lombang, saméméhna lombangna sok dipanasan heula maké sapu paré (dibeuleum) aya ogé nu maké apu atawa dangdaunan.

Cau (peuyeum cau) diludang = dikaluarkeun (dikakat) tina lombang emposan.

Ciung dikeset = dikeureut létahna saeutik (cenah sok ku emas) sangkan geura bisa ngomong.

Daun dileumpeuh = didéang kana seuneu (biasana di hawu) sangkan leuleus; daun nu dileumpeuh, ilaharna keur mungkus timbel.

Gamelan dipasieup = dususurup sorana

Hurang dipelas = diparud dilembutkeun, marudna dicampur jeung kalapa, tuluy dipais (diseupan atawa digarang).

Jagong diunun = digaringkeun di para seuneu

Honjé/jeruk dikalua = digodog ku cigula nepika bisa diawetkeun, boh baseuh, boh dituhurkeun.

Jebug diubub = jebug sikina disimpen dina ruas awi, tuluy salahsahiji tungtungna dibeuleum, jebug diubub ambéh leuwih ngeunah dipaké nyeupahna.

Kalapa disalumbat = dipesék (dipiceun tapasna) maké salumbat.

Kalapa dibutik = dikadékan (dipiceun) batokna.

Kalapa dikeletik = diparud, diperes, tuluy digolakeun diala minyakna.

Kasur digender = ditepungkeun maké bola kasur supaya bagéan handap jeung bagéan luhur tepung, maksudna sangkan beungeut kasur marecenghul upama geus dikapukan.

Keris ditepus = dibilang elukna atawa dijeungkalan pikeun nganyahokeun hasiatna.

Kulit diwidang = dibeébérkeun bari dipentang kana awi atawa kai, tuluy dipoé sina garing.

Kulit disamak = dikokolakeun tepi ka jadi kulit asak pikeun bahan sapatu,tas jsb.

Lebu dituras = lebu panas digebruskeun kana cai (tiis), tuluy ditamperkeun diarah caina (cilebu), sok dipaké pahinum, ngurut, jsbn.

Munding didadung = dicangcang maké dadung (=tambang gedé, biasana tina areuy-areuyan leuweung nu kuat)

Munding diténdok = ditojos liang irungna ku awi panéndok, tuluy diasupan tali kaluhan (tali nu ngawet tina liang irung tepi kana hulu munding) munding dikaluhanan ambéh lindeuk.

Pakarang diasah =  digésrék-gesrekeun kana batu asahan (Beulah dieu Beulah ditu) ambéh seukeut.

Pakéan dijalujur = dikapur saheulaanan saméméh dikaput ku mesin.

Pakéan dijarumat = dikaput ku leungeun kalawan kaputan nu lemes sangkan teu karijut.

Paré diirik=  dileyekan, ditijekan sina jadi bangsal.

Picung dikelewek = (sikina) dikubur dina lebu ngarah awét/kuat lila.

Samping dilépé/dilamban = dilipet-lipet maké panglépé (biasana samping kebat) sangkan alus katempona mun dipaké.

Samping digerus = samping poléng nu warna beureum di gosok-gosok maké kewuk gedé supaya sampingna hérang aya parabotna.

Suling disungging  = digambaran (dikembangan) maké beusi atawa batok meunang meuleum.

Suluh dihurun = ditumpukeun tuluy dibeungkeut.

Sumur dikuras = disaatkeun tur diberesihan.

Tambakan dirucuk = direumpeukeun ku régang awi.

Walungan dihambaro = dibendung pikeun ngocorkeun cai ka tempat séjén.

No comments: