UNDANG UNDANG ALAM
Para Sadérék! Muga waspada, kana muterna gilinding jaman sareng kana
undang-undang alam. Margi gilinding anu muterkeun jaman, undang-undang anu
nangtukeun perjalanan. Éta undang-undang alam, pasti teu robah-robah, henteu
saperti undang-undang buatan jelema.
Sing émut!.
Undang-undang Alam.
Dupi undang-undang alam téh nyaéta hiji pangaturan anu pasti, sarta kuat
tur teu tiasa robah-robah saperti undang-undang nu dijieun ku jelema. Ieu
undang-undang alam, diayakeunana ku Allah SWT langkung ti payun tibatan alamna.
Sadaya undang-undang, boh undang-undang agama, boh undang-undang nagara,
sadayana kenging nyutat tina undang-undang alam.
Hikmah Allah nu ngawasa ka sadaya alam, parantos ngajantenkeun adegan
manusa, anu kacida dipunjulkeunana ti adegan-adegan mahluk lianna. Naon margina
numawi adegan manusa dipunjulkeun ti adegan sa-antéro mahluk? Di leresan ieu
tangtos upami ku jalmi nu parantos uninga kana pangaos salirana ku anjeun mah
tangtos enggal kahartosna sareng rumaosna.
Dina waktos ieu, sawajibna masing-masing jalmi, kalintang utamina upami kersa
ngaos undang-undang alam. Margi, dina ieu jaman parantos sabaraha peresen
robihna tina jaman nu parantos kalangkung.
Deui, jalmi nu parantos uninga kana kapastianana undang-undang alam tangtos
dina sagala tindakanana nyandak jalan tengah, sareng tiasa ngawatesanana ku
anjeun. Ieu rupi-rupi kaayaan sugri nu aya di ieu kolong langit, geus pada
ngalampahan kana kawajibanana séwang-séwangan tur cocog jeung nu ditangtukeun
dina undang-undang alam téa.
Contona, panon poé téh hiji mahluk anu pang”istiméwana’, éta panon poé ti
ngawitan nampi paréntah ti Allah SWT, saban énjing-énjing kedah bijil ti wétan
surup ka kulon, teu daékeun “iseng-iseng” bijil ti kidul surup ka kalér.
Bulan ogé nya kitu, ti ngawitan nampi paréntah ti Allah SWT, ti ngawitan
ping hiji kudu némbongkeun dirina saeutik-saeutik, ngan di mana-mana nepi kana
tanggal opat-welas, kudu nembongkeun dirina sagemblengna, tur bijilna ti kulon
teu daékeun ‘iseng-iseng’ tanggal hiji bijil ti wétan.
Petétan asem, petétan buah aromanis, petétan kamalakian, pék dipelakeun
dina satempat tanah, caina sami, tapi ana geus buahan, tetep buah asem haseum
da akar manjangna nyeuseupna ka nu bakal pihaseumeun.
Buah aromanis, nya kitu akar manjangana nyeuseupna téh kanu bakal
piamiseun. Kamalakian, akar manjangna nyeuseupna kanu bakal piweuweueun, teu
pahili-hili, teu parebut-rebut. Hak itu keur itu, hak ieu keur ieu. Éta t.éh
nyaéta netepan kana kawajiban nu geus ditetepkeun dina undang-undang alam.
Panon jelema teu tiasa digunakeun ti peuting, upami teu dibantu ku pakakas
anu bisa digunakeun ti peuting. Margi éta alat paranti awas ti peuting
dipaparinkeun ka maung, ka oray welang, ka lalay, ka beurit sareng sabangsana.
Peurah-peurah, kamatihan jeung sabangsana dina
undang-undang geus ditetepkeun anu dipaparin hak ngagunakeun éta alat, nyaéta
oray gibeg jeung sabangsana, odéng, éngang jeung sabangsana, légé, kalajengking
jeung réa-réa deui, ieu geus ditetepkeun dina undang-undang alam.
Ieu mahluk nu ditataan bieu nampana éta alat peurah
jeung kamatihan téa, lain beunang guguru, ieu mah kurniana Allah SWT, nyaéta
supaya ku jalma-jalma kaharti yén hiji-hijina mahluk téh parantos dipaparin
kaunggulan anu satimpal jeung anu dipaparinna.
Jelema teu bisa lila aya di jero cai, lantaran dina
undang-undang alam geus ditetepkeun alat-alatna ka lauk cai, jeung sajabana.
Jelema teu bisa leumpang di awang-awang, lantaran alat paranti hiber parantos
ditetepkeun dina undang-undang alam ka bangsa manuk-manuk.
Ringkesna, sadaya mahluk nu badag nu lembut, nu kasar
nu lemes, nu katinggali sareng nu teu katingali. Éta sadayana parantos aya
katetepanana dina undang-undang alam, nyaéta pakeun gerak atawa robah, dina
sawaktu gerak sareng sajaman.
Ieu kajadian nu ku urang keur kajamanan, tangtu
ngandung kalimah nu ku urang teu kaharti. Bukti nu nyata, seueur jalmi nu
unggul kapangkatanana, kitu deui seueur jalmi nu turun martabatna.
Ieu kaayaan pikiraneun sadaya jalma. Ieu rupa-rupa
kajadian pigawéwyn sadaya jalma. Mana nu hadé dipilampah, mana nu hadé ditunda.
Margi, hukum Gusti Allah nu saadil-adilna dina panutuping poé, bakal
ngabalitungkeun tindakan hiji-hijina jelema.
Gusti Allah Nu Maha Kawasa, paratos maréntah ka sadaya
mahluk, supaya ngawula ka jelema.
Ana kitu, jalmi téh kedah waspada, ulah beunang
diparéntah ku harta-banda, geus kawasa nguah-ngieuh ka jelema, tangtu jadi
bujang harta-banda. Samangsa-mangsa geus jadi bujang harta-banda, tangtu éta
harta-banda maréntah: “ulah nyaah ka pakir-miskin, ulah nyaah ka baraya nu teu
sarua dunyana, ulah nyaah ka masyarakat, sanajan keur aya dina kasusahan” jeung
sajabana.
Undang-undang alam, cocog kaayanana jeung diri manusa,
lantaran keur ngajaga kasalametan, keur ngawatesan kalakuan. Keur padoman
hirup. Undang-undang alam, cocog jeung sakabéh jaman. Undang-undang alam
nibakeuanana hukum kacida adilna, teu pilih bangsa. Kajeun pangkat Kaisar,
Ratu, Raja, Presiden, saterusna nepi ka naon anu pakéanana rubat-rabét, upama
wani ngalanggar kanu parantos ditangtukeun dina undang-undang alam, tangtu
ditibanan hukuman anu satimpal jeung kasalahanana.
***
Dina sajero urang rumingkang di alam pawenangan,
sagala tindakan kudu ditilik sing nepi ka kaharti pikajadieunana boh hadé atawa
goréng kudu kapanggih ku urang pribadi.
Dina enggoning ngudag masyarakat dina ieu jaman,
nyaéta anu disebat jaman peralihan atawa jaman ‘baru’, nu ayeuna keur
dilampahan, sawajibna kudu bisa maksa anjeun, ngarobah sagala tindakan nu teu
dipikabutuh ku ieu jaman.
Émut-émut sing kaémut, rumingkang di alam dunya lain
pikeun salilana, ngan ukur jadi panguji, ka diri nu hayang ngarti.
Sulitna élmu pulitik nu nyebar di alam dunya nu jadi
bingung ka jalma.
Usaha urang ayeuna,
pakeun ngudag anu enya,
mapay tapak jalan datang,
wekasan di kajadian,
anu nincak jalan bener,
tenang dina kajujuran,
tangtu patepung jeung unggul,
tiba kana kamulyaan.
Sakumaha jalma percaya ka jelema anu enya
nyepeng hukum kaadilan,
nincak jalan kajujuran,
kecapna loba nu nyata,
tara sulaya jeung tapak,
karasa ku jalma réa.
Manah gunakeun sing enya,
ka pangurus anu luhur,
ka pamingpin anu asli,
ku rakyat sakabéh désa,
ka awéwé ka lalaki,
boh nu luhur boh nu handap,
boh beunghar atawa miskin,
amarah nu mawa salah, gancang ditatasan,
napsu nu ngaberung mungprung,
kudu gancang ditalukkeun,
sina ngawula ka akal,
sugan bisa ngalampahkeun babarengan.
1. Ieu gerak alam dunya jadi sual ka jelema, ku nu ngarti jadi mukti
bisa nambahan pangarti pakeun dunya jeung ahérat.
2. Ku jelema nu teu mikir jadi poék kana ati, lamun jalma atina geus
lolong, leuwih bahaya tibatan lolong panonna, boh ka dirina sorangan atawa ka
diri batur, bisa jadi masyarakat ogé ruksak, anu hirup dina lapang masyarakat
bari nungtut jeung diruksak, di palebah mana bisana ngarasakeun buah-buahna,
nagara geus merdéka, dibandungan ku nu daék ngagunakeun pikiranana, loba kecap
nu teu nyata jeung buktina, loba pangaturan nu teu bisa ngabuktikeun eusina.
Geus témbong tangtu kalakon,
kai teu kalis ku angin,
lebak nadah cai leuncang,
hirup papacangan maot,
ajal teu nyaho mangsana,
ngariung bakal pahatu,
jeung kanyaah bakal misah,
keur sono sok didodoho,
dipisahkeun jeung kanyaah,
mungkin ditambah kenyeri,
mungpang geus nyampak pakarang,
taya pigeusaneun ngejat,
nyumput teu weléh disusul,
peta kitu peta kieu,
teu suwung tina kabingung,
bahaya nu ngudag-ngudag.
Ieu bahaya nu ngudag-ngudag moal bisa tepung jeung nu diudag, upama
teu aya katetepan dina undang- undang alam.
Saé papay ti ayeuna,
meungpeung loba kénéh témpo,
ihtiar milari élmu,
élmu lahir élmu batin,
asal daék maksa anjeun,
usaha sabudi-akal,
teu ayeuna dék iraha.
Élmu mawa caang ati,
banda mawa poék haté, upama henteu jeung élmu.
Élmu mawa logor maot,
banda matak sereg maot, upama henteu jeung élmu.
Élmu matak leuleus ati,
banda mawa heuras ati, upama henteu jeung élmu.
Élmu dibagikeun rekah,
banda dibagikeun beak.
Élmu nyaah kanu miskin jeung ngabéla ka masyarakat, banda sieun ku nu
miskin jeung ku masyarakat.
Élmu mah sok nyapa’atan ka nu rék maot,
banda mah sok ngabinasa ka nu rek maot.
Élmu mah sok tara surem ka jalma nu teu sakelas,sumawonna ka baraya.
Padukuhan Pakujajar, September 2015.
Ki H Dr. Dharmasetiawan Natapradja
No comments: