Galuh- Galeuh- Galih
Dina salah sakitu lobana
palasipah anu diwariskeun ku luluhur Sunda, di wewengkon Ciamis aya salah
sahiji palasipah anu unina kieu: “Galuh-Galeuh-Galih”.
Numutkeun anu katarima ku sim kuring yén maksud jeung maknana téh nyaéta naon
anu disebut dina elmu tarekat “Nur Allah-Nur Muhammad-Nur Ayam”
Sedengkeun naon anu
dikecapkeun ku luluhur ngarupakeun tangtangan keur sim kuring anu nyoba ngajabarkeunana,
sabab pasti di satukangeun palasipah ieu aya harti anu disumputkeun anu kacida luhur jeung pantes dipikaharti ku urang.
Kahiji hayu urang guar
naon harti kecap-kecap di luhur ku pangartian basa.
Galuh, nyaéta ngaran salah
sahiji tempat, wewengkon, atawa ngaran karajaan di wewengkon Ciamis dina mangsa
anu kaliwat (+ abad ka-9 M, sedengkeun numutkeun kamus basa Sunda - hartina “permata”
Galeuh, harti
injeuman pikeun haté manusa atawa poko salah sahiji pasualan*)
Galih, nyaéta
haté manusa (qolbu)
Kusabab éta sim kuring boga kacindekan
aya tilu kecap konci nyaéta: Permata,
Pokok Parsualan (Masalah) jeung Haté.
Sedengkeun numutkeun inohong budaya Panjalu H. Atong Cakradinata nyaéta Nur
Allah, Nur Muhammad jeung Nur Adam, jadi pokok pangkal guaran jadi jadi kieu:
Permata = Nur Allah
Poko Pasualan (Masalah)
= Nur Muhammad
Haté =Nur Adam
Tapsiran sim kuring:
1.
GALUH
Galuh
anu ngandung harti permata atawa Nur Allah nyaéta sumber sagala sumber. Nur
Allah (Cahya Illahi) nyaéta sumber ti sagala sumber, sumber kahirupan jeung
sumber asal kajadian alam semesta.
Dawuhan
Allah:
Allah (Maparin) cahaya (ka) langit jeung bumi. Paumpamaan cahaya
Allah, nayéta saperti hiji liang anu henteu labas, anu di dina aya cempor badag.
Éta cempor aya eunteung (jeung) eunteung anu saolah-olah siga béntang (anu moncorong)
siga mutiara, anu dihurungkeun ku minak tina
tangkal anu loba kaberekahana, nyaéta) tangkal zaitun anu hirup lain di Beulah wétan jeung lain di palebah kulon, anu
minakna (wungkul) ampir-ampir naangan, sanajan henteu ditodél ku seuneu. Cahya
diluhureu cahya (lalapissan), Allah ngabingbing kana cahya-Naka sing saha baé anu dipikersa-Na, jeung
Allah midamel sasmita keur manusa,…(Q.S. An Nur: 35)
Ayat di luhur jelas jadi dasar pikiraneun
kecap Galuh atawa Permata di mana Allah nyaéta minangka sumber cahaya keur langit
jeung bumi. Numatak kacida merenahna lamun luluhur Sunda nekenkeun ka urang
supaya mikawanoh kana pasualan Galuh, anu ngandung harti urang kudu ngahartikeun
naon anu dimaksud ku kecap Cahaya Ilahi, Nur Allah atawa Permata. Kumaha carana, tangtu sarua jeung mikawanoh Allah, atawa
Marifatullah.
Naon anu dimaksud ku Marifatullah? Urang
papay ti mimiti Iman nepi ka Marifat. Iman
nu hartina percaya, Ma’rifat hartina wanoh. Jelas béda pisan antara Iman jeung
Ma’rifat téh, lamun kitu urang percaya
ka Allah téh kudu dibarengan wanoh
atawa wawuh ka Mentena (Ma’rifat), lamun teu kitu, jadi iman urang téh
kawas “iman taqlid”, jadi ngaku ayana Allah téh ku alatan béja ti batur,
tah kitu kanyataan dina umumna. Iman ka Allah téh ngan sawates kana percaya wungkul, sabab sabenerna aya
hasil ciptaanNa nyaéta Bumi jeung Langit.
Surat
Ali Imraan ayat 193 anu unina kieu:
Rabbana,
satemenna nguping (panggero) anu ngagero
kana iman (nyaéta): "Geura
arimanan ka Rabb-anjeun", janten abdi ogé ariman.
Kayakinan
kana kaayaan Allah téh keur manusa, sabab Allah kuanjeun ngébréhkeun yén teu
aya deui gusti anging Allah:
Allah ngébréhkeun
yén teu aya gusti (anu hak disembah) kajabi Allah,. [Q.S. Ali Imran:18]
Upama
kieu tong boro anu nganut agama Islam, sedengkeun anu nganut agama séjén ogé percaya
kana kaayaan Allah Ta’ala, terus naon bédana antara agama Islam jeung agama lianna?
Naha bédana téh sabab Islam mah miboga Rukun anu Lima, Sahadat, Shalat, Zakat,
Puasa jeung Haji? Sedengkeun dina agama lian ogé aya Sahadatna, shalatna, ngan béda basa jeung cara milampahna, maksudna
mah sigana sarua. Sedengkeun agama Islam mah apan anu paling sampurna tibatan
agama-agama lian jeung anu dipiridho ku Allah. Sakumaha Dawuhan Allah
Surat
Ali Imraan ayat 19:
Setemena
agama (anu dipitidho) di sisi Allah ngan
Islam.
Kalayan
kitu Islam téh nyaéta anu paling deukeut ka Allah s.w.t., jelas Muhammad s.a.w.
minagka rasul Agama Allah ogé anu
pangcaketna ka Allah.
Ku
sabab kitu Muhammad s.a.w. jadi Panghulu Rasul jeung disebut Babuning Ruh. Kusabab kitu agama Islam
disebut pangluhurna sabab aya haq Ma’rifat ka Allah. Kabuktian ku ayana Mi’raj
Nabi Muhammad, di mana anjeunna tiasa ningali Johar Awal, nyaéta Sifat Anu Maha Suci. Para Wali ngadawuh Johar
Awal nyaéta Sajatining Hirup, atawa Sajatining Sahadat nyaéta gumulungna
Dzat jeung Sifat Anu Maha Suci.
Jadi,
urang ogé bisa manggihan jeung Tarekat Wali, Insya Allah bisa panggih jeung
Hakekatna Rasulullah. Kakara urang urang “diaku” jadi umat Muhammad s.a.w., lamun
geus diaku jadi umatna, insya Allah urang bisa dibawa kana kasalametanana, nyaéta kana kasucian. Lamun can wanoh jeung jeung
yakin ka Rasulullah, boh Majajina, atawan Hakekatna, tetep acan sah urang ngaku
jadi umat Rasulullah. Sababa rukun sahna maca Sahadat téh:
1. Kudu
netepkeun heula Dzatna Allah Ta’ala.
2. Kudu
netepkeun heula Sifatna Allah Ta’ala.
3. Kudu
netepkeun heula Asmana Allah Ta’ala
4. Kudu
“sidik” (wanoh lalawan jelas) heula ka Rasulullah.
Kieu
carana “ngaikrarkeun” sahadat, nyaéta kudu “sidik” heula ka RasuluLlah, sabab kumaha
urang bisa netepkeun ayana Allah jeung RasuluLlah lamun urang acan wanoh (Ma’rifat)
kana Sifat-sifat-Na. Sabab dina netepkeunna téh urang kudu pasti heula kana barang-barangna
anu bakal ditetepkeun (disaksikeun). Kitu ogé carana “netepkeun” jeung maca Sahadat,
henteu sambarangan asal dina macana, sabab lamun ngan sakadar maca wungkul mah
sigana saha baé (budak leutik ogé) bakal
bisa milampahna.
Kusabab
kitu wajib pikeun mikawanohna. Ibarat bédana antara maca scenario lalakon film jeung
indit sorangan lalajo filmna. Tangtu bakal jauh pisan kaayaanana Lamun maca
scenario/guluyurna lalakon ngan sakadar tina salambar keretas, sedengkeun lamun
urang langsung lalajo bakal yakin kana adegan jeung paripolah palaku-palakuna. Lain
ngan sakadar “ceuk béja”. Mana anu leuwih
utama maca scenario atawa lalajo langsung?
Kitu
ogé dina hal maluruh agama (élmu), anu ngan maca tulisan ieu ulah ujug-ujug
langsung percaya, jeung ulah langsung nolak, sabab ayeuna mah geus jadi jaman
informasi, jaman mikir, pangaweruh manusa geus maju jeung cerdas, henteu gampil
dibobodo.
Manusa
ayeuna dina sagala hal kudu aya pangbuktian jeung kudu karasa, kudu yakin. Tuluy
bakal jadi masalah lamun kolotna tetep
bodo anakna jadi cendikiawan.
Jeung
sebenerna élmu RasuluLlah téh aya opat hambalan:
1. Élmu
Sari’at
2. Élmu
Tarekat
3. Élmu
Hakekat
4. Élmu
Ma’rifat
Dina
zaman ayeuna Élmu Ma’rifat téh diudag-udag ku
nu nyaho jeung yakin kana kaayaan Allah jeung Rasulullah, sabab aya Dawuhan
Allah:
jeung
sebenerna anjeun bener-bener bakal ninggalina kalawan `ainulyaqin, (Q.S. At Takatsur:7)
Kusabab
kitu dina ibadah ka Allah kudu sidik jeung yakin, supaya sah Dzatna, sah Sifatna,
sah Asmana, sah Af’alna dina ngumbara di dunya ieu, supaya nepi kana rarasaan
dina ngabédakeun mangsana papisah jeung Allah-jeung-Rasulullah. Lamun geus
ngarasakeun bédana papisah jeung Allah-jeung-Rasulullah boh beurang awawa
peuting, mudah-mudahan urang jauh tina itikad goréng, paripolah goréng saperti
sirik, dengki, jail, curang, licik ka sasama mahluk. Sabab pasti bakal ngarasa éra,
sabab ngarasa pahareup-hareup jeung Allah swt, sagala hal lian bisa disumputkeun, jeung sagala rupa paripolaj
naon baé anu lian dibaengan ku Ujub-Riya-Takabur.
Dawuhan
Allah dina Surat Al Baqarah ayat 29:
Allah,
anu midamel sagala anu aya di bumi pikeun
anjeun jeung Allah miarep ngajuggjug langit,teras
didamel ku anjeun-Na tujuh langit. Jeung
Allah Maha Uninga kana sagala rupi
Kusabab
kitu ogé ngararasakeun yén diri urang
ieu lain miboga kakawasan tapi apes, hina, naïf jeung bodo, hasil hiji pagawéan,
datangna rizki sabenerna sabab aya pitulung ti Anu Maha Suci jeung ayana Qudrat
jeung Iradat-Na Anu Maha Kawasa.
Jadi
ayeuna bisa ditangtukeun, lamun manusa masih kénéh mgalakukeun lampah syirik, sirik
jeung jail ka sasama mahluk Allah boh paripolah maksiat anu dilakukeun ku Santri,
Pajabat, Pamingpin, Pangusaha jeung sajabana, nandakeun yén maranéhanana tacan deukeut jeung Allah-jeung-Rasulullah. Lamun henteu ngarasa deukeut jadi paripolahna moal jauh
tina tindakan anu ujub, riya, takabur, ngaku pinter sorangan, nganggap handap
ka batur, ngaku pang Islam-na. Manusa kieu ngaku miboga Qudrat-Iradat sorangan,
saenyana teu narima Qudrat-Iradat Allah. Jadi ngarebut hak kakawasaan Allah
Ta’ala, di mana sabenerna henteu gampang ngaku Islam téh, komo nuduh batur, si Éta
Islam, si Ieu kafir sabab masalah Islam jeung Kafir mah ngan hak Allah s.w.t. jeung
ngan Allah anu netepkeunna.
2. GALEUH
Nyaéta Poko Pasualan (Masalah) atawa Nur
Muhammad, ieu salah sahiji pancén manusa anu kudu dituntaskeun, nyaéta
sawatara pasualan anu disanghareupan minangka pancén manusa di dunya atawa salaku khalifah fil
ardhi. Urang kudu bisa nyanghaeupan jeung ngungkulan sagala pasualan. Sing saha anu nyanghareupanana?, manusa anu
diciptakeun tina Nur Muhammad. Naon Nur Muhammad téh?
Dina
padamelanana Allah maparin cahaya anu disebut NUR MUHAMMAD, anu miboga opat
sinar utama, nyaéta cahaya hideung (hakeketna Bumi), cahaya bodas (hakeketna cai),
cahaya konéng (hakeketna Angin) jeung cahaya beureum (hakeketna seuneu).
Numutkeun
ajaran tarekat yén cahaya beureum jadi Hakekat tina lafadz Alif, cahaya konéng jadi
hakekat lafadz Lam awal, cahaya bodas njadi hakekat Lam ahir jeung cahaya hideung
jadi hakekat lafadz Ha (Alif, Lam, Lam, Ha = ALLAH).
Salajengna
Allah meaparin cahaya (nur) ieu demi kahirupan jeung huripna alam semesta katut
sagala eusina sarta mahluk-mahlukna.
Ti mana asalna Nur ieu? Nur ieu asalna ti Nur Anu Maha Suci, anu
disebut Johar Awal. Johar Awal téh asal muasalna (bibitna) tujuh Bumi jeung
tujuh Langit katut eusina.
Dawuhan Allah:
Jeung
sabenerna Kami geus nyiptakeun di luhur anjeun tujuh jinis jalan (tujuh jinis langit). (Q.S. Al
Muminuun:17)
Ngan Allah
anu nyiptakeun tujuh langit jeung kitu ogé bumi. (Q.S. Ath Thalaq: 12)
Jadi
lamun asalna ti Allah tangtuna urang asalna ti Johar Awal, anu sifatna Caang
nyaéta gumulungna Dzat jeung Sifat Anu Maha Suci, kakara ngajadi Asma Ul Husna (Asma Allah).
Dawuhan
Allah dina Surat Al A’raaf ayat 180:
Ngan
kagungan Allah asmaulhusna,
jadi sok neneda ka Anjeuna-Na, ku nyebut asmaaulhusna éta jeung tinggalkeun
jalma-jalma anu méngpar tina benerna (dina nyebut) asma-asma-Na. Jaga
maranéhanana bakal meunang wawales kana naon anu anu geus dipigawéna.
Kumpulan
kaopat cahaya (Nur) éta anu disebut ISMUDAT, hartina Asma Dzat Laesa kemislihi, atawa Asma Anu Maha Suci, sedengkeun ahli
dzikir nyebutna latifah. Jaga urang kudu bisa balik ka ditu, ku sabab kitu
wajib pikeun dikpikawanoh ti aeyuna.
Papay
tarekat-na anu bisa nyinglarkeun hahalang (hijab). Anu nutupan jeung moékan Dzat
Sifat Allah Ta’ala. Panggihan jeung hakekatna Tasdid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi, tah éta konci Muhammad
anu bakal bisa muka tabir ka Allah s.w.t.,
Insya
Allah, tangtu urang bakal nedunan paribasa urang “mulih ka jati, mulang ka asal” . nyaéta Rasa Jasmani anu kieu dipaké deui ku Rasa
tadi dina mangsana aya di Nurullah (Johar
Awal). “Mulang ka Asal” nyaéta Jasmani balik ka asalna nyaéta balik
deui jadi Nur Muhammad, opat cahaya, beureum, konéng, bodas, hideung. Saupamana
balik deui ka Asal, tah éta anu disebut sampurna, hartina béak, beresih jeung béak
rasana, béak jasmanina.
3. GALIH.
Haté
atawa Nur Adam atawa Cahayana Manusa.
Aya babasa yén hiji jalma bakal katinggali hurung lamun haténa beresih jeung
beungeutna bakal katinggali surem lamun haténa geuneuk maleukmeuk. Haté nyaéta
sari tina rarasaan manusa, haté jalma bakal tingtrim (beresih) lamun terus
éling ka Allah.
Dawuhan
Allah:
Jalma jalma nu ariman kalayan haténa jadi tingtrim jeung éling ka Allah. Inget, ngan éling ka Allah hate jadi
tingtrim. (Q.S. Ar Rad: 28)
Ngan
Allah anu parantos nurunkeun ketingtriman kana haté jalma mu'min,
(Q.S. Al Fath: 4)
Kakuatan
jeung Kateguhan haté datangna ti Allah s.w.t., dawuhan Allah dina surat Al
Mujadilah ayat 22:
Maranéhanana
téh jalma-jalma anu ku Allah geus dipelak kaimanan dina haténa ….
Kacindekan, Galuh, Galeuh jeung Galih hartina
ngandung harti jeung miwanoh sarta ngalaksanakeun dina ngadeukeutan ka Allah
s.w.t., ngarti yén urang téh nu ngatur dunya jeung ketingtriman haté dipikabutuh
pikeun ngahontal kaunggulan anu hakiki.
Walluhu
‘alam bisawab. Mugia aya mangpaatna,
Pasanggrahan
Pakujajar, 15 Juni 2013
]
No comments: