AYANG AYANG GUNG!
Sampurasun anak-incu aki nu balageur!
Ayeuna aki rék ngoréhkeun kakawihan
barudak baheula lamun arulin di buruan imah, nyaéta kakawihan “Ayang Ayang
Gung”. Ari kana rumpakana mah tangtu kabéh oge geus arapal, tapi teu nanaon
urang diunggah deui di dieu, unina kieu:
Ayang ayang gung,
Gung goongna ramé,
Ménak Ki Mas Tanu,
Nu jadi wadana,
Naha manéh kitu,
Tukang olo-olo,
Loba anu giruk,
RUket jeung Kumpeni,
Niat jadi pangkat,
Katon kagoréngan,
Ngantos Kangjeng
Dalem,
Lempa lempi lempong –
ngadu pipi jeung nu ompig, jalan ka Batawi ngemplong.
Ieu kakawihan téh
timbulna dina waktu jaman pamaréntahan
Walanda (VOC), nyaéta dina waktu mimiti bangsa Walanda daratang ka
urang, jeung terus ngajajah. Dina jaman harita loba bangsa Sunda anu jadi alat
nagara, anu gila pangkat jaeung kalungguhan. Dibasakeun “hayang Agung”, atawa
hayang boga pangkat luhur. Ringkesna mah hayang jadi Ménak.
Ari kecap
“ayang-ayang” asalna tina kecap “ ayang-ayangan”, anu hartina : pada arusaha,
ihtiar ka ditu ka dieu, dibélaan kumaha baé, nyaéta hayang pangkat anu agung
téa. Mun jaman kiwari mah loba jalma nu hayang jadi pamingpin bari kampanye,
terus meuli sora nudisebut “politik
uang”, “serangan fajar”, atawa meuli sora, nu penting dirina bisa kapilih jadi
pamingpin (boh jadi anggota wawaki rahayat atawa jadi walikota, bupati atawa
gupernur).
Ari kecap “GUNG”
nyaéta sora goong. Dimisilkeun dina kariaan, upama geus kadéngé aya sora goong,
pasti bakal aya karaméan (tatabeuhan). Jadi jalma pada nyaraho kabéh. Tah ieu
“gung” di dieu maksuna mah di mana-mana jalna geuns boga pangkat agung, tangtu
tahayat pada nyaho kabéh. Tangtu manéhna disebut “Ménak”.
Ari ménak téh cék
kirata mah “dimemena jeng diénak-énak”. Hartina pada dihormat,
siugung-ugung jeung loba pangolo. Tah kalakuan
kieu “feudal” ngarana, persis siga wakil rakyat jeung pamingpin urang jaman
ayeuna.
Ari MENAK KI MAS TANU,
hartina kieu: loba pagawé nagara jaman harita (ogé jaman ayeuna!!) anu tadina
rahayat biasa, barodo, tapi kulantaran éta jalma bisa ngajilat (nyogok jeung
suap mun ayeuna mah!) cék basa aneuna mah “nyemir” alian setor “uang pelulam”,
atawa jadi mata-mata ti pihak Walanda (VOC), nya sok dijadikeun ménak atawa dibéré pangkan”wadana”.
Ari pangkat wadana
téh, dina waktu hatina mah saluhureun camat, kaitung luhur ogé jeung gedé
wewenangna. Da éta baé kecap “gamparan” téh mimiti diucapkeun ka pangkat
wadana. Kulantaran éta wadana téh tadina jalma bodo téa, nya atuh dina prakna
digawé téh sakarep-karep baé. Anu ahirna masyarakat jadi kacow, paréntah
simpang-siur (siga jaman ayeuna) Asal loba sembah, kajeun pagawéan goréng,
pasti disebut alus baé.
Karesepna ménak jaman
harita dipuji, sagala dipupujukeun. Komo jeung ditambah make title radén mah.
Tepi ka loba jelema (anu baleunghar) anu harayang boga title radén, dibélaan
dibareuli (mun jaman ayeuna mah loba nu mareuli ijazah palsu).
Upama di dsa ata di
lembur atawa kampong aya mojang anu hérang-hérang, mojang lenjang, sok ulah ku
batur. Pasti keur hancaeun ménak. Bari ari balik ti kampung téh éta ménak téh
sok angkaribung ku babawaan kayaning
béas, kalapa, hayam jeung hasil tatanén nu séjénna. Upama aya Bapa Tani rada
beunghar, sok dipaké tempat curak-curak (mu ayeuna mah mun aya pangusaha
beunghar, pajabat téh sok mindeng nganjang ka dinya) komo dina usum panén mah,
kabéh pagawé sok dibawa, terus balakécrakan, suka-suka.
Ari rahatat mah sok
lob anu jadi bingung, padahal manéhna nyaho yén éta Wadana téh tadina mah jalma
biasa baé. Kabéh pada karagét, nu matak jol bae
sindir: “Naha manéh kitu?” Tkang olo-olo”.
Saterusna loba rahayat anu GIRUK. Tapi sanajan loba nu sebeleun ogé, da
pugu éta wadana téh RUKET JEUNG KUMPENI (mun ayeun mah DEKAT DENGAN PEJABAT
PEMERINTAH)., teu bisa kumaha deui, ngan ukur nyeri baé din ati.
Jadi saha baé anu ruket jeung kumpeni, biasa jadi
PANGKAT ( mun jaman ayeuna mah: SIAPA DEKAT DENGAN PEJABAT PASTI HIDUPNYA
HEBAT!). Kajeun teuing sanajan timbul
“kagoréngan” ogé asal jadi
pangkat baé, jadi ménak téa. Jaman yeuna mah kajeun rakyat sangsara ogé asal aing jadi wakil rakyat kalawan
ngahenang-ngahening bari ngalebok duit nagara (korupsi!!).
Rahayat anu wani, aya saurang-urangeun nu sok bebeja
ka Dalem (Bupati). Ngan orokaya, da Dalemna ogé diparéntah ku Gubernur ( Sarua
bae jaman ayeuna oge Bupati the kudu setor ka Gubernur!!) anu ayana di Batawi
(Jakarta). Pokona mah Dalem téh teu boga kakawasaan mutlak. Nu matak disebut
“lempa lempi lempong, ngadu pipi jeung nu ompong” , maksuna mah geuning éta
Dalem téh OMPONG, eueuh sihungan. Kulantaran Gubernur Jenderal the aya di Batawi,
nya di sindiran ku “Jalan ka Batawi Ngemplong” – mun ayeuna mah upami loba
panyogo ka JALAN KA JAKARTA (SENAYAN) MOLOMPONG.
Cag.
R. Brajayudha III, Pasanggrahan Pakujajar – Juni 2013
No comments: