Jabang bayi = orok anu masih kénéh di jero kandungan
Orok = ti mimiti dilahirkeun nepi ka bisa diuk
Budak = mimiti bisa diuk nepi ka mangsa rumaja.
Léléngkah halu = budak keur diajar leumpang
Bilatung dulang = budak keur sesedengna pikayungyuneun
Parawan, cawéné,mojang = awéwé nincak rumaja (can kawin)
Jajaka, bujangan = lalaki nincak rumaja (can kawin)
Parawan jekékan = keur sesedengna rumaja
Bujang jengléngan = keur sesedengna rumaja
Begér = mangkat birahi, awéwé resep ka lalaki, kitu deui sabalikna.
Balég tampélé = begér anu dibarengan ku rasa éra
Galak sinongnong = begér pikeun lalaki, ti kajauhan hayang ari deukeut éra.
Turun amis cau = awéwé nu mimiti kaluar buuk lemes luhureun tarang. Sorana halimpu jeung resep dangdan atawa ngageulis.
Séngsérang panon = awéwé sesedengna resep ka lalaki.
Ngémboan = lalaki sorana ngagedéan, bandanna mimiti sembada jeung bijil kumis.
Bujang tarangna = lalaki geus KAWIIN tapi can NIKAH.
Parawan kolot = umurna geus kolot, tapi can boga salaki
Bujang kolot = umur geus kolot, tapi can boga pamajikan.
Randa = awéwé anu geus ditalak ku salakina
Randa béngsrat = awéwé anu geus ditalak tapi can kungsi kawin (masih parawan)
Randa maésan = awéwé anu ditinggalkeun maot ku salakina.
Duda maésan = sabalikna tina Randa maésan.
Turun karanjang = nikah ka adi beuteung
Gulangkep = nikah ka dulur
Begér mindo = begér ka dua (umur 30 taunan)
Meunang umur = umurna 40 taun
Tengah tuwuh =umurna 50 taun
Cueut ka hareup = umurna 50 taun ka luhur
Tunggang gunung = umurna 60 taun ka luhur
Séngsérang padung = geus kolot pisan
Tawéhwoh = geus kolot m, huntuna geus arompong.
Tokroh-tokroh = geus kolot pisan, jalan geus kundang (maké) iteuk
Pikun =geus kolot pisan, pikiranana balik deui ka budak
Pancakaki = rundayan turunan.
Dulur pet ku hinis = adi jeung lanceuk saindung sabapa.
Dulur saindung = anu bareng dikandung ku indung.
Dulur sabapa = anu bapana sarua.
Dulur patétéréan =salaki jeung pamajikan sarua mawa anak waktu nikah.
Dulur sasusu = anu bareng di susuan
Dulur sabrayna, dulur misan = anak adi atawa anak lanceuk.
Dulur mindo = anakna dulur misan
Kulawarga = indung bapa jeung anak.
Dulur = anu saturunan atawa sakokocoran ti indung bapa
Baraya = Anu masih sarundayan dina pancakaki.
Deungeun-deungeun = batur (teu aya patula-patalina jeung pancakaki)
Baris wali = lalaki turunan ti bapa
Pangantén = lalaki-awéwé anu di tikahkeun.
Bébéné = kabogoh lalaki
Beubeureuh = pisalakieun
Beubeureuh maneuh = salaki
Patih goah = pamajikan
Batur sakasur =salaki jeung pamajikan
Kulawedet =
katurunan/kulawarga jembar (keluarga besar )
No comments: