MUNDING WANGI





Kudu kumaha jalanna ngawangun nagara nu jiga kieu?


Inget kana harti lampah manusa di dunya, nyaéta lampah ngumpulkeun kahadéan, lampah ngumpulkeun amal, nyaéta ibadah, apal ka sajatina Hyang Widi, tapi lain saukur ku salira, tapi ku sadayana, ku rahayat, ku gegedug masarakat, ku pinisepuh karajaan, ku pajabat-pajabat karajaan, ku prajurit karajaan, ku raja anu ngarti kana wangi nu sajati, nyaéta raja nu nyeungitan ka rahayatna, rahayat nyeungitan ka rajana, jadi kudu silih émutan antara pamingpin sareng rahayatna, hampura kaula teu tiasa narima éta tahta, hiji mangsa pasti kapanggih, hiji mangsa pasti datang, datang ka Pajajaran budak nu ngarana Munding Wangi.


Da saenyana anu mawa nagara raharja, sugema, pinuh ku wibawa, sanés ku kaula sorangan, da saenyana anu mawa nagara pinuh ku wibawa, ku gegedug masarakatna anu ngaping ka rahayat sadaya, anu méré pangarti ka rahayat sadayana da saenyana pamaréntah mah ngan saukur nyadiakeun waragad pikeun sadayana (sanajan loba nu diparalingan keur dirina!), pikeun ngatur hukum, aturan-aturan nagara nu kedah sadayana, pelakkeun kanu haté rahayat sadayana yén sagalana niatan ku ibadah, da saenyana anu mawa dirina bagja jeung sugema anging ku dirina sorangan ku lalampahan anu hadé, ku kajujuran, ku kaikhlasan, ngajaga kahormatan dirina sorangan, nulung ka sasama, hormat ka saluhureun, ka sahandapeun, sareng ka sasama, pelakkeun ku sadayana di dieu anu gaduh pancé  salaku pamingpin masarakat, anu ngaping rahayatna kana harti raga kusumah anu saenyana, nyaéta saméméh ngajugjug nagara anu raharja, anu sugema anu pinuh ku wibawa, mimitian beresihan heula dirina sorangan, haté, pikir jeung ucapna.



Kunaon kudu dimimitian ti dirina sorangan? Sabab saenyana teu aya pamingpin, teu aya rahayat, teu aya pajabat, teu aya rahayat, anu saestuna sami-sami jalma, anu keur ngajalankeun kahirupanana.



Anu jadi tani, anu jadi kuli, anu jadi adipati, anu jadi sénopati, anu jadi tamtama nagara, anu jadi patih dugi ka anu jadi raja saenyana sadaya teu aya bédana, sadayana kedah tiasa ngabaur, ngahiiji, ngarakyat, ieu nu jadi rahayat ulah sieun, ulah ngarasa leutik di payuneun rajana, kitu ogé sabalikna, raja ulah nganggap rahayat ka bawahanana, kudu jadi ngahiji salaku warga nagara anu keur nyicingan nagara.



Hiji mangsa pasti kapanggih, hiji mangsa pasti datang, datang ka Pajajaran budak nu ngaranna Munding Wangi”.



Padukuhan Pakujajar, 25 Oktober 2016

Ki Ajar Sunyapada Yayasan SKKS

No comments: