RÉK NGAJAJARKEUN, RÉK NGAJIRIMKEUN JEUNG RÉK NGAJUGRUGKEUN
KEUR KI SUNDA
Wiwitan.
Kausir tina kumpulan kulawargana, disebut
budak euweuh baktina, disebut
jalma loba dorakana, dirina
ngan tumarima
narima nasibna. Carita hiji budak manusa, nu diciptakeun
teu jiga manusa, mapay
jalan lain paragi manusa, TAPI tetep
manusa?
Nepi ka hiji mangsa pinanggih jeung nu ditéangana, aya
jawaban nu salila ieu dikoréhan di mana-mana, geuning
sakabéh aya maksudna. Geus kuduna tinekanan kana waktuna,
datang
nyelesep kana sukmana, ngahartikeun
sakabéh kabingungna, negerkeun
sakuriling manahna. Hadir dina ngimpina, negeskeun kudu
kumaha manéhna, ngarah
mangpaat
sakabéh nu dipibogana, jang
memener karuksakan
dunyana. Dinarengan ku cahya nu nyaangan kalbuna, hadir
guru nu salila ieu geuning nalingakeun teu aya petotna,
guru
nu teu dinyana,
geuning éta
ngarana.
Teu langsung percaya kana omonganana, da
rumasa teu katempo wujudna, sieun
goréng balukarna, komo
méngpar tina kaykuringnan agamana. Kayungyun ku sabarna, éta
guru nuturkeun kahayangna, nepi
ka pinanggih ku sorangan hartina, nungguan
nepi ka ikhlas narimana. Hiji guru lain ti bangsa manusa,
dibantuan
ku baturna opat welas lobana,
dikudukeun nalingakeun jeung ngagiring jalana,
nepi
ka gilig
jang ngalalana.
Guru nu nunjukkeun kudu kumaha, guru
nu nunjukeun aturan agamana, guru
nu nerangkeun rék kumaha, guru
nu menerkeun mun aya salahna.
Guru nu jadi guru baheula, nu
kungsi ngaguruan karuhunna, nu
mingpin Karajaan Tatar Sunda, nu
kaamanatan ngajaga jeung ngariksa. Sugan jeung sugan laksana, kajeun
geus tangtu loba hahalangna, mugi
Allah ngalangsarkeun jalanna, dibarengan
keukeuh pageuh nyekel kuringdahna.
Alhamdulillah hiji dua panggih jeung
buktina, hiji
dua kabuktian caritaan guruna, hiji
dua aya nu milu babarengan ngusahakeunana,
hiji
dua ka ubaran nalangsana.
Ngoréh kasundaan nu tinggal sésana, mapay
galeng néangan nu sarua nyaah kana kasundaanana, ngasruk
leuweung dibarengan kaludeung, bari
memener jalma nu keur baluweng. Nyoba ngageuing urang Sunda nu skuringtu
réana, nyalukan
geura buru inget kana barangbang
semplak dina sirahna, ngarah
teu geura leungit ciri nu mustari dina dirina.
Lain ngarasa asa pang Sundana, lain
ngarasa asa pang bisana, lain
ngarasa asa pang aingna, tapi
ngarasa nyaah ka kasundaanana.
Geus aya nu tiluan maturan, kari
nungguan tinekanan, bari
tetep inget kana wiwitan, euweuh
mahluk nu aya dina kalanggengan.
Carita
nu aya ayeuna ngan dongéng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh
sahiji-hiji acan sésa Pajajaran
nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Siliwangi nu sajati mah ngan hiji. Ulah nyampurkeun dongéng jeung carita enya.
Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, teu rubah jadi maung atawa nu gaib lain na. Siliwangi jalma biasa, raja Pajajaran, bangsa manusa, nu pernah hirup di alam dunya, mingpin Tatar Sunda.
Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, teu rubah jadi maung atawa nu gaib lain na. Siliwangi jalma biasa, raja Pajajaran, bangsa manusa, nu pernah hirup di alam dunya, mingpin Tatar Sunda.
Siliwangi
lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi maung. Maung ngan saukur ciri.
Jadikeun diri rakyat Sunda
jiga kagagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan maung.
Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali. Lain anjeun
turunan manuk dadali.
Kuring unggal poé sabenerna aya dihareupeun aranjeun. Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat Sunda ngan loba ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...
Kuring unggal poé sabenerna aya dihareupeun aranjeun. Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat Sunda ngan loba ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...
Kuring lain kaiket ku jangji, ngan kaamanatan ngajaga nu beunang di jaga. Ulah di udag ku akal jeung indra, sabab loba kajadian alam nu ku urang teu bisa ka baca. Tarima ku haté, asal ulah nyalenggor kuringdah kanu kawasa.
Ayeuna geus mangsana aranjeun jadi urang Sunda lain bangsa anu ngan bisa cumarita geura narindak jiga nu diamanatkeun batur kuring harita. Kajadian nu kaalaman ku aranjeun ayeuna geus kabaca di jaman harita mangkana geura balik jadi urang Sunda saenyana.
Salila
aranjeun jauh tina kamusyrikan kuring bakal aya ngabarengan sugan anu di baca
ku raja aranjeun harita kajadian kuring nyaksian di dieu.
"Kuring
nitip rahayat kuring, nu bakal
kaleungitan cepengan nepi ka bijil nu tiluan … Nu Saurang bakal dibarengan ku akang, mantuan nu tiluan…Lempengkeun kuringdahna…Bantuan ku akang…Nitip
kuring…Engké dina mangsana bikeun bekel ti kuring…Nyanghareupan hiji jaman nu
rusak…
Jaman nu rusak ku kahayang…". Saung butut jadi saksi sobat dalit nu rék kapisah ku takdir…Ajal…Saung butut nu jadi saksi…Nepi ka tilarna… …Euweuh nu nyaksian.
Jaman nu rusak ku kahayang…". Saung butut jadi saksi sobat dalit nu rék kapisah ku takdir…Ajal…Saung butut nu jadi saksi…Nepi ka tilarna… …Euweuh nu nyaksian.
Amanat Ka Nu
Tiluan:
Kuring
rék nitip amanat ka nu
tiluan:
Aya
maksud nu nyulusup dina ati, nepikeun
naon nu jadi harti, ngarepkeun
ngoréh nu bakal jadi bukti. Sing saha nu geus dijeujeuhkeun ngariksa, sakabéh titinggal nu jadi sésa, kudu geura netepkeun haté bari teu kudu di paksa. Anjeun aya di
dunya, pasti aya maksudna, geura ngaca kana hikmahna, ulah nyumput tina kodratna. Kalakay geus paburantak, euweuh harti pabalatak, lain maksud ka alam calutak, tapi sing geura wani nindak.
Nu
niliktik nulungan jalma leutik, loba
nyanghareup manusa loba banda, bari
kudu nepikeun aturan ti Nu Kawasa. Bari awak loba kasiksa, jadi pamuntangan jelema loba, teu meunang ngarumas nu geus jadi garisna. Anjeun aya jang jalma
loba, ngadegkeun kuringdah titah Nu Kawasa, geura maca geura walaya.
Budak gedé beuteung badag, sakabéh karusakan di udag, ulah nepi korban loba murag. Leumpang di jalan pinuh ku batu, ngasruk alas teu maké baju, milu satia nuturkeun waktu. Anjeun aya jang muka mangsa, dikudukeun hirup di lingkung murka. Tapi haté teu meunang kagoda. Geura muka geura ngariksa, lawan murka.
Prak pikiran, prak baca ku haté.

Kawajiban
kuring sarua, ibadah, nu daék ibadah…Ulah ngamulyakeun bangsa kuring, nyembah, atawa ngagantungkeun nasib, nanya mangsa kahareup…da bangsa
kuring gé sarua teu nyaho. Mun aya nu méré nyaho ti bangsa kuring (nu jiga tadi
disebutkeun), ngan
ngabobodo, ulah di déngé…Anggur
urang babarengan muntang ka Allah SWT.
Teu
sakabéeh bangsa kuring bisa atawa kungsi manggihan bangsa anjeun. Kitu deui
sabalikna. Saha nu bisa? Urusan Nu Kawasa.
Maung - Pajajaran
Salah
sahiji nyaritakeun zaman harita, aya
3 macan nu dijadikeun ciri:
Macan bodas, cirining élmu nu ngajurus kana ngubaran. Teu maké menyan, sasajén, atawa wirid. Ditungtungan ku muntang jeung nyerahkeun diri ka Allah SWT. Élmu nyieun ubar tina dangdaunan, akar jeung sajabana. Ubar panyakit nu katempo jeung nu teu katempo. Pajajaran geus ti baheula ngarti jeung nyaho kumaha ngubaran. Teu dicampur ku mistik. Teu ngalanggar akidah..

Macan Hideung,
cirining élmu nu
ngajurus kana kadunyaan, ngatur
haté jalma, ngahijikeun
salaki pamajikan
nu pipisahan, ngoprék
haté jalma, miceun haté
jalma nu kedul, bedegong, harak, jeung
sajabana…Sarua teu maké sasajén,
menyan, atawa kudu wiridan atawa puasa… Istuning tina kakuatan diri…
Macan loréng,
lodaya, ngajurus kana élmu heuras, saperti
silat pamacan, sinuwun tilu jeung sajabana, nempo ti kajauhan, ngoét
ti kajauhan, ngarusak jeung ngajaga supaya teu rusak…Teu maké menyan, sasajén atawa ngawirid jeung puasa. Estuning tina kakuatan diri…
Kunaon
teu maké wirid atawa puasa? Saba éta mah jang ibadah ka Gusti Allah... Teu
meunang dipéngkolkeun kana tujuan éta. Kunaon teu maké menyan atawa sasajén? Kusabab lain ménta bantuan jin, jeung kudu maké aturan Muslim.. Di mana
ayeuna éta élmu-élmu téh? Di
nu tiluan…Teu bisa ditéangan, engké
ogé datang…Datang ka saha? Ka jalma-jalma
nu geus ka ukur kaalusan jerona…akidahna… Nu tiluan aya di mana? Boa-boa nu sapopoé aya hareupeun anjeun…
Hampura
kasadayana nu ku Kuring dianggap
dulur. Kuring mah jalma bodo, teu
ngarti kana élmu-élmu nu
dicaritakeun ku kuring … Hampura kuring teu
nunjukkeun jati diri kuring nu saenyana……
Sakitu
heula ti kuring saparakanca, hampura ka saréréa nu maca…..Sugan Kuring dibéré kénéh mangsa engkéna, jang mawa bukti nu bisa kaciri. Nu bisa karampa ku panca
indra…Ngeunaan
Karajaan Sunda téh kumaha sabenerna…
Hampura
kuring
lain kumawani, kuring ngan nepikeun ngarah teu salah harti. Ampun paralun lain
hayang kapuji, kuring ngajak
ngoréh nu jadi misti…
Kuring ménta
hampura ka saréréa, ayeuna kuring nepikeun nu teu biasa, bangsa nu ku anjeun sok disangka di kuburan ayana, sabenerna kuring leuwih
nyaho alam ti heula. Lain ngaliwat kanyaho nu can laksana, lain ngarampa mangsa kahareupna, tapi kuring boga
élmuna, nu noong
alam engkéna.
Kuring
nonggérak, hartina kuring aya, katempo, katingali, kaciri
sapopoéna ku aranjeun. Tapi hanjakal teu dipaliré. Wayahna kuring milu icikibung. Da geus wayahna. Geus mangsana. Kuring nyaah ka urang sunda. Nu geus lila tibra. Teu inget kana
purwadaksina. Poho kana wiwitanana. Éra mawa Sundana.
Teu
kudu gujrud kuring datang ti mana, kuring nyaah ka
urang Sunda, bangsa nu geus ampir leungit cirina, teu hayang kaciri Sundana.
Sunda ngan saukur tinggal ngarana, jalmana
geus robah pindah wujudna, majar éra
ngaku jadi urang Sunda. Kuring
datang, kuring miang aya maksudna. Jang urang Sunda sayaktosna.
Kuring saparakanca
bakal datang, mantuan
aranjeun, lain titah
muja ka kaula. Ulah nitah ka kaula, atawa hayang nempo kaula. Tuturkeun wé
caritana, Carita urang Sunda,
nu ajeg ngaku urang Sunda.
Ayeuna geus deukeut mangsana. Iraha?
dagoan wé. dagoan wé
sapoe sapeuting!. Da urang mah ngadagoan téh ngan sapoé jeung sapeuting.
Kuring ménta
hampura ka sakabéh kasepuhan tur pinisepuh, kuring meunang
paréntah deui jang maluruh, sugan bisa urang nyaho carita anu puguh. Sumangga ka sadayana nu nyaah ka urang Sunda, urang pagédrog maké carita, teu meunang maké rasa, urang kahareupkeun maksud mimitina, urang mimitian dina poéna, nuturkeun carita nu teu puguh ti mana asalna, kuring mawa carita nu mistina, lain ngan saukur nu bisa katara. Sawaréh mawa carita nu asa enya, dumasar kana kitab nu jiga enya. Jieunan manusa nu teu kungsi aya dina kajadianana nu enya. Ngan hanjakal tarung carita sok pang hayangna diaku enya. Sawaréh mawa carita ti kolot-kolotna nu enya, ngeunaan kajadian nu teu kalakonan enya, ngan hanjakal ngabéla ngan ku rasa asa enya, teu inget biwir manusa sok jauh ti enya. Sawaréh ngan saukur ngadéngé carita nu katingali enya, asa milu jeung katingali enya, keun waé carita jauh ti enya, jeung sarua hanjakal sok paenya-enya. Sawaréh nungguan nu mana nu enya, hayang maluruh karuhun pituin nu enya, ngarah bisa nyulusup kana haté nu enya, ngarah teu haben unggal poé teu nyaho nu enya.

Sawaréh
teu paduli nu mana nu enya, da
geus ngarasa euweuh patali jeung
kajadian nu enya, jeung ngarasa euweuh untungna maliré nu enya, nu penting
bisa hirup jadi jalma enya. Kuring ngawakian jalma nu ngalaman nu enya, dumasar kanu karasa, katingali, kainget nu enya, nu masih kumalendang ngalakonan di alam dunya nu enya, ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu enya. Hampura mun ceuk aranjeun teu enya, hampura mun teu kasawang ieu enya, hampura ulah kabawa haté nu enya,hampura mun kuring mawa carita nu teu biasa enya.

Keur Nu Dicalukan
Bisi
aranjeun hayang
leuwih telek kana diri aranjeun sorangan, kuring InsyaAllah bisa mantuan mapay nu ku aranjeun geus kungsi kaliwatan, sakalian nunjukeun yén kami téh
lain heuheureuyan, istuning
ngaléngkah satékah polah
ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran..
ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran..
Kuring saacana
ménta dihampura ka balaréa, rumasa mak˚ basa nu garihal
karasana, supaya euweuh nu ngarasa dibéda-béda, keun
urang teundeun mun manggihan nu béda, urang gedékeun jeung hijikeun nu sarua, sabab
urang kudu taki-taki mapag mangsa kahareupna.
Kuring bungah nu euweuh papadana, geuning loba kénéh
urang Sunda nu nyekel kasundaana, éta
tanaga nu teu leutik gunana, jang ngaléngkah nimukeun deui jati diri Ki Sunda
nu ampir euweuh dikieuna.
Keun kuring nu rék tandang bari gandang, tanding bari
ginding ,teu kudu ngahaja datang. Tuturkeun wé caritana, engké ogé bakal
pinanggih jeung anu
kuduna, tuturkeun wé caritana. Teu kudu hariwang
kuring bakal sabisa-bisa noong, engké ogé ngalaman nu sok rajeun ngaliwat kana pikiran,
sugan jeung sugan ku Allah diijinan. Kuring muji kana pikiran nu panasaran,
sabab bakal metot jelema jang néangan, ngoréhan sésa-sésa nu bakal jadi
cecekelan, ngarah teu kasasab ka alam kangeunahan.
Éta nu ngawakilan budak kiwari mentingkeun eusi nu
pondok bari nyari,teu ngan saukur hayang kaciri, mugi pinanggih jeung jati
diri. Hiber di awang-awang, boga haté nu kerep baluang, nuturkeun indung suku
mapay-mapay alam anu ngambang, muga anjeun hirup mawa seungit kembang.
Aya hiji ngaran nu diudag ku sakabéh jalma di dunya, hampura
kuring teu wani muka anjeun boga sukma, ari teu diijinan ku nu mikabogana.
Sunda bakal pinanggih deui jeung
kadigdayaan, asal urang teu poho kana
wiwitan, teu miceun nu geus jadi ciri kasundaan, teu
ngaleungitkeun jasa jalma nu kungsi ngagedekeun Pajajaran.
Cag sakieu heula,
Ki H Dr. Dharmasetiawan Natapradja
Padumukan Pakujajar – Juli 2011.
No comments: