PANGGEUING
TI KI IHWAN NATAPRADJA
GIRANG PUPUHU SAWALA KANDAGA KALANG SUNDA
PASANGGRAHAN PAKUJAJAR
Para
Sadérék! Muga waspada, kana muterna roda jaman sareng kana undang-undang alam.
Margi roda anu muterkeun jaman, undang-undang anu nangtukeun perjalanan. Éta
undang-undang alam, pasti teu robah-robah, henteu saperti undang-undang buatan
jelema. Sing émut!.
Undang-undang
Alam.
Dupi
undang-undang alam téh nyaéta hiji pangaturan anu pasti, sarta kuat tur teu
tiasa robah-robah saperti undang-undang nu dijieun ku jelema.
Ieu
undang-undang alam, diayakeunana ku Allah SWT langkung ti payun tibatan alamna.
Sadaya undang-undang, boh undang-undang agama, boh undang-undang nagara,
sadayana kenging nyutat tina undang-undang alam.
Hikmah
Allah nu ngawasa ka sadaya alam, parantos ngajantenkeun adegan manusa, anu
kacida dipunjulkeunana ti adegan-adegan mahluk lianna.
Naon
margina numawi adegan manusa dipunjulkeun ti adegan sa-antéro mahluk? Di
leresan ieu tangtos upami ku jalmi nu parantos uninga kana pangaos salirana ku
anjeun mah tangtos enggal kahartosna sareng rumaosna.
Dina
waktos ieu, sawajibna masing-masing jalmi, kalintang utamina upami kersa ngaos
undang-undang alam. Margi, dina ieu jaman parantos sabaraha peresen robihna
tina jaman nu parantos kalangkung.
Deui,
jalmi nu parantos uninga kana kapastianana undang-undang alam tangtos dina
sagala tindakanana nyandak jalan tengah, sareng tiasa ngawatesanana ku anjeun.
Ieu
rupi-rupi kaayaan sugri nu aya di ieu kolong langit, geus pada ngalampahan kana
kawajibanana séwang-séwangan tur cocog jeung nu ditangtukeun dina undang-undang
alam téa.
Contona,
panon poé téh hiji mahluk anu pang”istiméwana’, éta panon poé ti ngawitan nampi
paréntah ti Allah SWT, saban énjing-énjing kedah bijil ti wétan surup ka kulon,
teu daékeun “iseng-iseng” bijil ti kidul surup ka kalér.
Bulan ogé
nya kitu, ti ngawitan nampi paréntah ti Allah SWT, ti ngawitan ping hiji kudu
némbongkeun dirina saeutik-saeutik, ngan di mana-mana nepi kana tanggal
opat-welas, kudu nembongkeun dirina sagemblengna, tur bijilna ti kulon teu
daékeun ‘iseng-iseng’ tanggal hiji bijil ti wétan.
Petétan
asem, petétan buah aromanis, petétan kamalakian, pék dipelakeun dina satempat
tanah, caina sami, tapi ana geus buahan, tetep buah asem haseum da akar
manjangna nyeuseupna ka nu bakal pihaseumeun.
Buah
aromanis, nya kitu akar manjangana nyeuseupna téh kanu bakal piamiseun.
Kamalakian, akar manjangna nyeuseupna kanu bakal piweuweueun, teu pahili-hili,
teu parebut-rebut. Hak itu keur itu, hak ieu keur ieu. Éta t.éh nyaéta netepan
kana kawajiban nu geus ditetepkeun dina undang-undang alam.
Panon
jelema teu tiasa digunakeun ti peuting, upami teu dibantu ku pakakas anu bisa
digunakeun ti peuting. Margi éta alat paranti awas ti peuting dipaparinkeun ka
maung, ka oray welang, ka lalay, ka beurit sareng sabangsana.
Peurah-peurah,
kamatihan jeung sabangsana dina undang-undang geus ditetepkeun anu dipaparin
hak ngagunakeun éta alat, nyaéta oray gibeg jeung sabangsana, odéng, éngang
jeung sabangsana, légé, kalajengking jeung réa-réa deui, ieu geus ditetepkeun
dina undang-undang alam.
Ieu
mahluk nu ditataan bieu nampana éta alat peurah jeung kamatihan téa, lain
beunang guguru, ieu mah kurniana Allah SWT, nyaéta supaya ku jalma-jalma
kaharti yén hiji-hijina mahluk téh parantos dipaparin kaunggulan anu satimpal
jeung anu dipaparinna.
Jelema
teu bisa lila aya di jero cai, lantaran dina undang-undang alam geus
ditetepkeun alat-alatna ka lauk cai, jeung sajabana. Jelema teu bisa leumpang
di awang-awang, lantaran alat paranti hiber parantos ditetepkeun dina
undang-undang alam ka bangsa manuk-manuk.
Ringkesna,
sadaya mahluk nu badag nu lembut, nu kasar nu lemes, nu katinggali sareng nu
teu katingali. Éta sadayana parantos aya katetepanana dina undang-undang alam,
nyaéta pakeun gerak atawa robah, dina sawaktu gerak sareng sajaman.
Ieu
kajadian nu ku urang keur kajamanan, tangtu ngandung kalimah nu ku urang teu
kaharti. Bukti nu nyata, seueur jalmi nu unggul kapangkatanana, kitu deui
seueur jalmi nu turun martabatna.
Ieu
kaayaan pikiraneun sadaya jalma. Ieu rupa-rupa kajadian pigawéwyn sadaya jalma.
Mana nu hadé dipilampah, mana nu hadé ditunda. Margi, hukum Gusti Allah nu
saadil-adilna dina panutuping poé, bakal ngabalitungkeun tindakan hiji-hijina
jelema.
Gusti
Allah Nu Maha Kawasa, paratos maréntah ka sadaya mahluk, supaya ngawula ka
jelema.
Ana kitu,
jalmi téh kedah waspada, ulah beunang diparéntah ku harta-banda, geus kawasa
nguah-ngieuh ka jelema, tangtu jadi bujang harta-banda.
Samangsa-mangsa
geus jadi bujang harta-banda, tangtu éta harta-banda maréntah: “ulah nyaah ka
pakir-miskin, ulah nyaah ka baraya nu teu sarua dunyana, ulah nyaah ka
masyarakat, sanajan keur aya dina kasusahan” jeung sajabana.
Undang-undang
alam, cocog kaayanana jeung diri manusa, lantaran keur ngajaga kasalametan, keur
ngawatesan kalakuan. Keur padoman hirup. Undang-undang alam, cocog jeung
sakabéh jaman. Undang-undang alam nibakeuanana hukum kacida adilna, teu pilih
bangsa. Kajeun pangkat Kaisar, Ratu, Raja, Presiden, saterusna nepi ka naon anu
pakéanana rubat-rabét, upama wani ngalanggar kanu parantos ditangtukeun dina
undang-undang alam, tangtu ditibanan hukuman anu satimpal jeung
kasalahanana.
***
Dina
sajero urang rumingkang di alam pawenangan, sagala tindakan kudu ditilik sing
nepi ka kaharti pikajadieunana boh hadé atawa goréng kudu kapanggih ku urang
pribadi.
Dina
enggoning ngudag masyarakat dina ieu jaman, nyaéta anu disebat jaman peralihan
atawa jaman ‘baru’, nu ayeuna keur dilampahan, sawajibna kudu bisa maksa
anjeun, ngarobah sagala tindakan nu teu dipikabutuh ku ieu jaman.
Émut-émut
sing kaémut, rumingkang di alam dunya lain pikeun salilana, ngan ukur jadi
panguji, ka diri nu hayang ngarti.
Sulitna
élmu pulitik nu nyebar di alam dunya nu jadi bingung ka jalma.
Usaha
urang ayeuna,
pakeun
ngudag anu enya,
mapay
tapak jalan datang,
wekasan
di kajadian,
anu
nincak jalan bener,
tenang
dina kajujuran,
tangtu
patepung jeung unggul,
tiba kana
kamulyaan.
Sakumaha
jalma percaya ka jelema anu enya nyepeng hukum kaadilan,
nincak
jalan kajujuran,
kecapna loba
nu nyata,
tara
sulaya jeung tapak,
karasa ku
jalma réa.
Manah
gunakeun sing enya,
ka
pangurus anu luhur,
ka
pamingpin anu asli,
ku rakyat
sakabéh désa,
ka awéwé
ka lalaki,
boh nu
luhur boh nu handap,
boh
beunghar atawa miskin,
amarah nu
mawa salah, gancang ditatasan,
napsu nu
ngaberung mungprung,
kudu
gancang ditalukkeun,
sina
ngawula ka akal,
sugan
bisa ngalampahkeun babarengan.
Ieu gerak alam dunya jadi sual ka jelema, ku
nu ngarti jadi mukti bisa nambahan pangarti pakeun dunya jeung ahérat.
Ku jelema
nu teu mikir jadi poék kana ati, lamun jalma atina geus lolong, leuwih bahaya
tibatan lolong panonna, boh ka dirina sorangan atawa ka diri batur, bisa jadi
masyarakat ogé ruksak, anu hirup dina lapang masyarakat bari nungtut jeung
diruksak, di palebah mana bisana ngarasakeun buah-buahna, nagara geus merdéka,
dibandungan ku nu daék ngagunakeun pikiranana, loba kecap nu teu nyata jeung
buktina, loba pangaturan nu teu bisa ngabuktikeun eusina.
Geus
témbong tangtu kalakon,
kai teu
kalis ku angin,
lebak
nadah cai leuncang,
hirup
papacangan maot,
ajal teu
nyaho mangsana,
ngariung
bakal pahatu,
jeung
kanyaah bakal misah,
keur sono
sok didodoho,
dipisahkeun
jeung kanyaah,
mungkin
ditambah kenyeri,
mungpang
geus nyampak pakarang,
taya pigeusaneun
ngejat,
nyumput
teu weléh disusul,
peta kitu
peta kieu,
teu
suwung tina kabingung,
bahaya nu
ngudag-ngudag.
Ieu
bahaya nu ngudag-ngudag moal bisa tepung jeung nu diudag, upama teu aya
katetepan dina undang- undang alam.
Saé
papay ti ayeuna,
meungpeung
loba kénéh témpo,
ihtiar
milari élmu,
élmu
lahir élmu batin,
asal daék
maksa anjeun,
usaha
sabudi-akal,
teu
ayeuna dék iraha.
Élmu mawa
caang ati,
banda
mawa poék haté, upama henteu jeung élmu.
Élmu mawa
logor maot,
banda
matak sereg maot, upama henteu jeung élmu.
Élmu
matak leuleus ati,
banda
mawa heuras ati, upama henteu jeung élmu.
Élmu
dibagikeun rekah,
banda
dibagikeun beak.
Élmu
nyaah kanu miskin jeung ngabéla ka masyarakat, banda sieun ku nu miskin jeung
ku masyarakat.
Élmu mah
sok nyapa’atan ka nu rék maot,
banda mah
sok ngabinasa ka nu rek maot.
Élmu
mah sok tara surem ka jalma nu teu sakelas,sumawonna ka baraya.
Pasanggrahan Pakujajar,
16 Juni 2013
No comments: