PANCA BUDIDAYA SARJANA
Nu dimaksud Panca Budhidaya Sarjana
téh taya lian anging pamanggih aki anu
pihartieunana kieu: Panca = 5, budidaya = tanaga pamikiran, sar = pinter atawa
luhung; jana = manusa. Jadi Panca Budidaya Sarjana = Lima Kakuatan Budi Jalma
Pinter. Tah ieu Panca Budidaya Sarjana téh bisa dicindekkeun sabaéan gedé tina
anasir nu ngajadikeun kabudhi-dayaan manusa atawa KABUDAYAAN.
Naon hiji-hijina?
1.
KASUSASTRAAN
2.
KAMOTÉKARAN atawa KASENIAN
3.
PALASIPAH
4.
TASAUF
5.
IBADAH.
Guaranana kieu:
1. KASUSASTRAAN subagé PAKÉAN HIRUP: upamana hiji jalma anu
rupana teu kaaasup kasép atawa geulis,
pamakéna ogé basajan, tara maké nu hurung-hérang, pacabakanana ogé lain pajabat
atawa teu boga pangkat luhur, tapi dina tutur-basana, caritaanana atawa nyusun
kekecapanana dina cumarita matak pikabitaeun, merenah babasaanna, ngeunah didéngékeunana,
kaharti makna jeung maksudna, bisa disebut murwakanti atawa ngalagena. Ku sabab
kitu ieu jelema dipihormat, diajénan ku balaréa. Jadi sanajan rupa jajar-pasar,
pakéna basajan, kalungguhanana teu pati luhur, tapi ana geus cumarita atawa
biantara dina panggung, katinggalina matak gagah, ginding tur gandang perténgtang,
nepika dipikasérab ku sasama cindekna
jalma nyastra, atawa susastra.
2. KAMOTÉKARAN atawa
KASENIAN subagé HARIRING HIRUP. Maksudna kieu: hiji jalma anu boga kaahlian
dina widang kasenian, boh seni karawitan, ibing, sora, gambar, pahat, tata-boga,
tata-busana, olah-raga jeung sabangsaning kasenian atawa kamotékaran liana. Sok
sanajan ieu jalma téh henteu nyangking pangkat atawa kalungguhan anu luhur,
hirupna basajan, tapi kusabab boga kaahlian seni téa nepika dipikaresep ku
balaréa. Geus teu bireuk deui, loba seniman anu panghasilanana ngaleuwihan
pajabat atawa pagawé nagara anu luhur. Sabaraha panghasilan pamaén musik,
biduan, artis, pamaén bola atawa atlit unggul? Geus teu dicaritakeun di dieu da
geus lain rusiah umum. Malahan sawatara golongan jalma anu beunghar di dunya
ieu kalolobaanana ti kalangan ieu. Tah ieu nu disebut seniman, atawa NYENI anu
salawasna aya dina kagumbiraan, siga jalma nu salawasna ngahariring sabab
tingtrim haténa.
3. PALASIPAH subagé
PANGÉBRÉH HIRUP, maksudna: ari palasipah atawa pilsapat téh nyaéta ‘JALAN
UTAMA’. Ari jalma anu neuleuman palasipah pasti néangan HAKÉKAT atawa kanyataan
nu pangakhirna. Sabagéan jalma nu neuleuman palasipah disebut pilsuf, geus bisa
manggihan bagéan-bagéan atawa fragment hakékat,
anu nimbulkeun sawatara aliran nu
sok patoja’iah.
Bagéan séjénna percaya yén
sakumna kaayaan téh atawa kajadian jeung peristiwa ngabogaan poko-pangkal ti
Allah. Saban jalma anu ngagunakeun pikiranana jeung ngabogaan hasrat anu kuat
pikeun ngahontal “kanyaho anu sampurna”
, anu bisa dihontal kalawan pangimeutan anu taliti, kalwan pamikiran anu
sajero-jerona, saterusna tina pasualan “kanyataan anu sabenerna”, kalawan teu
dihaja manéhna geus asup kana “ALAM PILSAPAT”.
Tah kaayaan “anu
sabenerna” éta anu disebut “hakékat” . Sedengkeun “hasrat anu kuat” anu
ngadorong urang pikeun asup kana Alam Pilsapat nyaéta “paripolah batin” urang
sorangan. “Paripolah batin” atawa “kabatinan” ieu sabenerna ‘MIKIR’ jeung
dorongan pikeun néangan hakékat, atawa MIKIR DUMASAR KANA BEBENERAN.
Ari MIKIR DUMASAR KANA
BEBENERAN merelukeun “tarékat” atawa “
metoda” nyaéta cara atawa jalan anu lazim dipaké ku para ahli élmu pangaweruh
utamana ahli pilsapat. Cindekna mah: ahli pilsapat téh jalma anu mikirkeun hakékat
atawa ahli pikir ngeunaan hakékat. Ari néangan hakékat lain mikirkeun hiji
perkara anu nyata anu kasaksén ku pancaindera, tapi ogé mikiran “hubungan” antara kanyataan jeung kasemestaan alam, utamana
jeung “Azas Puseurna” atawa “Sang
Pencipta” – Allah swt. – tah “hubungan” ieu disebutna “MA’RIFAT”.
Singgetna: makna pilsapat téh “hasrat
mikaasih kana Ma’rifat ku jalan wanoh kana hakékat”.
4. TASAUF subagé INTISARI
HIRUP, hartina ucapan tasauf subagé intisari atawa eusina tina hirupna. Aya
babasan atawa “ungkapan” dina basa Indonesia: Berjalan berperhentian – berkata
berkesudahan. Salah saurang ahli tasauf
Junaid nyarios kieu: “ Tasauf téh nyaéta inget ka Allah, sok sanajan keur aya
dinaka kaayaan anu ramé atawa kaayaan riweuh, cinta jeung isin ku Allah tur resep ngadéngékeun jeung migawé amal shaléh
beri nuturkeun nu ditinggalkeun ku Rasulullah saw. Aya papatah ti hiji ulama
tasauf kieu: “ma lam yasuq lam ya’rief” hartina: sing saha anu can ngarasa, manéhna
acan nyaho”.
Ari tujuan tasauf
numutkeun sawangan Islam nyaéta ngadeukeutkeun diri ka Sang Khalik. Jalan anu
disorang: cinta, rajin, sedih, asih, resep nalungtik kahéngkéran diri sorangan,
bari kagémbang ku kaagungan Allah swt.
Ari nu “leumpang” di jero tasauf nyaéta RARASAAN, da ari PIKIRAN mah
dinomer duakeun. Nu diutamakeun di jero tasauf lain akal wungkul , sabab geus
nyata kalawan numutkeun pamikiran
wungkul mah bakal ngabangkrutkeun anu
bakal kapanggih, da anu diutamakeun mah RASA.
Ulama luhung Abu Hamid
Al-Ghazali nyaurkeun: “ Tasauf nimbulkeun seni anu hirup dina Islam, Lantaran
seni ieu ngarupakeun tiruan tina kaéndahan. Ari sumber kaéndahan nyatana Allah
swt, anu tilasna bisa disaksi di jero alam ieu, disawang, diteuteup jeung
diimpleng ku ati snaubari anu fana di
jero kacintaan, jeung baqo alatan “Ma’rifat”.
6.
IBADAH subagé PAMUNTANGAN
HIRUP, maksudna nyumponan paréntah agama sakumaha anu geus ditetepkeun, dina
pangartian kieu:
a.
Ngajalankeun tata-kaykinan tina
perkara ayana ‘NU MUTLAK’ saluareun
manusa.
b.
Ngajalankeun tata-kaibadahan manusa ka anu dianggap MUTLAK
téa.
c.
Ngajalankeun tata-kaidah anu
ngatur hablum minanass jeung habum min ‘alam , saluyu tur sajalan jeung tata-kaimanan atawa tata-kaibadahan
sakumaha disebut di luhur.
Dawuhan Allah: “Jeung Kami henteu nyiptakeun manusa
sarta jin anging kudu nyembah ka Kami”, (QS, Adz Dzariyaat 56). “ Hé manusa
sembah Pangéran anjeun anu geus nyiptakeun anjeun jeung jalma-jalma saméméh
anjeun, supaya manéh taqwa” (QS Al Baqarah 21), jeung loba deui ayat-ayat Al
Qur’an ngeunaan ieu.
Ayat-ayat Allah ieu satemenna bener-bener kajadian dina
zamann kiwari, di mana teu kurang-kurang jalma anu ngaku ngagem agama Islam
kalawan miboga guru anu disebut Ulama, tapi loba nu ninggalkeun saréat agama.
Lantaran boga pamadegan geus cukup dina
nyukcruk tarékat, antukna poho ngajalankeun syaréat.
Sakitu babaran aki ngeunaan PANCA BUDI DAYA SARJANA,
pamuga aya mangpaatna keur urang jeung nambah wawasan
pangaweruh sangkan bisa ngahontal jadi SAR-JANA, nyaéta Jalma nu pinuh ku élmu.
Insya Allah!
Cag!
Padukuhan Pakujajar, réngse dina wanci carangcang
tihang, Saptu, 30 Mei 2015.
Ki H I.D. Natapradja, Ajar Sunyapada yanasan SKKS / Kandaga Sunda.
No comments: