HANTANG – HANTUNG – HANTIGONG – HANTARWELING.
Baraya aki, aya babasan nu unina kieu :
HANTANG – HANTUNG – HANTIGONG – HANTARWELING, naon maksudna?
Ari ‘hantang’ nyaéta
buah kalayar anu jadina téh di sisi gunung, warna buahna konéng,
wujudna buleud, mun ditinggal matak pikabitaeun. Ceuk saliwatan mah “Piraku
rasana henteu amis!”. Tapi lamun ku urang diasaan, rasana kacida paitna, matak
weureu! Tah buah kalayar ieu téh ngagambarkeun jalma anu caritana
matak uruy, pikabitaeun, perténgtang, loba jangji nu “muluk”, tapi
ahirna? Omong kosong, tukang bohong ngajrekna di pangbérokan.
Aya paribasa bahasa Indonesia anu unina kieu “Mulut manis, hatinya
jahat”., atawa paribasa Cina: “ku puku, ku chai kuchai” – hartina kekecapan
henteu luyu jeung pagawéan, atawa ngaran henteu luyu jeung
pilampahan.
Kecap ‘hantung’ nyaéta ngaran jajantung tangkal cau anu
kakara borojol tina tangkalna. Ari mimitina mah mani ‘modonghol’ siga nu haying
terus ngajugjug langit, siga nu heueuh boga kamampuhan. Tapi ari geus ngahontal
sapoé atawa leuwih bet jadi luuk bari ngeluk, kawas hayam
anu kateunggeul jejelingna, beuheung potong guplak-gaplék.
Ieu misil diterapkeun pikeun jalma anu boga sipat adigung-adiguna, gedu
hulu, ujug, boga rasa loba élmu, loba harta, atawa pangkat luhur.
Ari pék téh dijugjugan élmuna,
bet kosong molongpong, lir lodong kosong
– ngelentrung! Terus kutap-kétap siga domba adu nu éléh
tarung, luak-lieuk….berebet ngacir!!
Atawa teu béda jeung hayam kabiri, ari awak dedeg bosongot bangun
semprotan. Bulu hérang, si’ih nyengklik. Hareupeun bikangna terus pépédéngkréng
jeung kongkorongok. Tapi ari datang hayam jago nu séjénna….
Kulapés jangjang anu tadina mébér
the bet jadi ngéplék. Beungeutna ngadadak pias, sepa,
terus disada kokorokotan siga hayam keur nyileungleum.
Ari ‘hantigong’ nyaéta bangbara. Coba légégna
jeung lagana bangbara dina hihiberan mani siga anu haying jeletot bae nyeureuf
ka sing saha nu katénjo. Sorana mani ngahiung, lalampahan siga nu perkosa
tur gagah, ieu aing pahlawan boga jasa. Ka batur sok nyangka euweuh kawani, ieu
aing, parakatangtang-pirikitingting siha kapiting. Unggal kembang sanajan
kembang anu bau teu weléh dieunteupan terus diseuseup sarina.
Tapi ari sup kana liangna, bet ngan sasereg awak. Teu bisa malik-malik
acan. Sora anu tadi ngahiung kawas hatong the ngan ukur ngék-ngékan,
di jero liangna ngahéphép teu empés-empés.
Lampah bangbara ieu, ngagambarkeun jalma anu sombong ngabohong,
pajarkeun the boga gedong anu sigrong, mobil méntéréng,
pausahaan ngajajar. Mondok di ditu di dieu, di hotel bintang lima, tapi ari
ditalungtik bet sadarajat jeung copét.
Ayeuna ‘hantarweling. Nyaéta ngaran séjen
keur paria. Nilik kana rupana mah mani siga diukir direngga-renggi. Komo paria
nu geus rada asak mah mani siga nu amis kareureut. Tapi ari pék
di-icip-icip, bet molélél,
patina pageuh dina létah. Ieu ogé hiji misil, pikeun ngagambarkeun
jalma anu alus rupa, paké gandang, carita perténgtang,
lir kacang ninggang kajang, tapi ari akibatna sok nyilakakeun. Catur muluk
tanpa bukur – ‘banyak bicara tanpa kenyataan’, sihoréng
mana horéng bet tukang tipu.
Jadi kacindekanana, hantang-hantung- hantigong-hantarweling téh
nyilokaan ka jalma anu henteu nyunda, teu nyakola, teu nyantika jeung henteu
nyantri.
Cag sakieu heula.
Sono aki, di Pangumbaraan – Padumukan Pakujajar, 22 Juli 2011.
No comments: