MESAT GOBANG KABUYUTAN


MESAT GOBANG KABUYUTAN

                                           

Bubuka.



Sampurasun Kaula Ajar Sakti saksian dulur-dulur sakabéh,

éling-éling mangka éling rumingkang di bumi alam,

mangkadé sing waspada, loba jurig nyiliwuri sétan mindah rupa,

nganyahokeun yén Sunda pada meungpeukan Ki Sunda,

rangkul dulur nu ti wétan, ti kulon, ti kidul jeung ti kalér.

Sing getén prak jieun séké sélér Ki Sunda,

ulah suda téangan pusaka nu jadi tanggara yén sajarah bakal robah tunggu waktuna kariaan téréh deukeut.

Ki Sunda, citrésna pinaka kawani Citrang Gada pusaka kasorang,

citra rasa pinaka kadiran gandarwa pinaka santa,

keur nu ngolah nagara sarta ngarti kana wiwitan,

kana ageman béjaan ratu papatahan somah,

tungguan Nusantara jaya deui.

Tah ieu cirina gobang kabuyutan Bagja Ki Sunda,

boga karuhun nu laluhung élmuna, gedé rumawatna jeung weruh,

anu yakin tur percaya bakal karasa kajadian na.

Kaula Ajar Sakti percaya ka maranéh nu nyaksi di dieu bakal mareunang anugrah,

mulu rahayu berkah salamet tur baleunghar,

punjul ku élmu jeung manggih kamulyaan.

Kaula Ajar Sakti nyaksian.

Prak geura pesat Gobang Kabuyutan supagi caang padang narawangan.

Bismilah Allahu Akbar



Kecap MESAT GOBANG KABUYUTAN, ilaharna kapanggih dina hiji guguritan kakawihan barudak baheula anu dikawihkeunana dina mangsa turun hujan poyan, anu unina kieu:



Trang trang koléntang,

Si Londok Paéh nundutan,

Tikusuruk kana durukan,

Mesat gobang kabuyutan



Dibura ku laja tuhur,

Beunang ngunun tujuh tauh,

Kadalapan pananggalan,

Nyéhéprot – nyéhprot

Nyiwit ceuli sajeletit!



Tah ieu guguritan kawih barudak téh maksudna nyindiran para pagawé atawa pajabat anu hirupna maréwah, baleunghar, tur pangkatna laluhur – anu asalna mah biasa baé.



Ari hujan poyan maksudna saméméh jaradi pangkat mah kaayaanna téh biasa baé, hirupna sederhana tur basajan. Tapi sabada kapapancénan jadi pajabat, teu sawatara lilana ujug-ujub jadi beunghar, hirupna méwah, sagala aya bru di juru bro di panto, salieuk béh! Beuhar dadakan. Nya siga hujan poyan, ujug ujug breg baé, gebrét hujan dina keur panas éréng-éréngan, tapi teu lila, ret deui raat!



Bisa jadi beungharna téh lain beunang jalan jujur atawa halal – cék basa agama mah -. Di sagigireun baleunghar téh teu kurang-kurang nu nambahan pamajikan (atawa selir, simpenan di nu singkur – ceuk tukang heureuy mah boga ”simpedes” cenah). Jadi baé ménak nu sagala beuki téa.



Ari pagawé nu laleutik mah, kadang-kala disebutna gé jalma kuli, atawa buruh leutik, geus ébréh tur jéntré, sanajan usahana banting-tulang, suku dipaké hulu, hulu dipaké suku cék paribasana, wah tetep baé hirupna ripuh.



Tah anu disilokaan ku Koléntrang téh lir ibarat muterna kolécér leutik anu dijieun tina cangkang buah belendung, ngaranna koléntang.

Ari nu baleunghar téa, diibaratkeun londok. Apan ari londok mah sok bisa ganti  warna. Upama aya dina tangkal kai warnana téh héjo ampir teu katara nyarupaning daun. Atuh upama ragrag kana taneuh sok ngadadak warnana téh robah jadi warna taneuh (hideung atawa cokelat) ngarupakeun taneuh.



Maksudna taya lian éta ménak dadakan téh – baheula mah aya istilah OKB – Orang Kaya Baru – bisa ka luhur bisa ka handap (jilat maksudna mah!). Upama babarengan jeung gegedén mani asa pangménakna, maréntah ka bawahan téh teu jeung tata-krama, haok-polotot ka rahayat ogé da hayang kapaké ku duninganana nu leuwih luhur pangkatna. Upama ngahiji jeung rahayat di lembur, mani siga “pembéla rakyat”, siga anu nyaah luar-biasa, bari ari balik ka kota mah sagala dibawa.



Tah éta jalma nu kitu patut téh nya geus betaheun dina kabeungharanana kalawan jalanna énténg téa, antukna kajongjonan teuing. Tepi ka siga anu nundutan bari siduru hareupeun durukan (hawu), bari ngadagoan beuleum sampeu jeung cai kopi anu lekoh.



 Antukna tikusruk kana durukan, maksudna ku ayana parangkat kaadilan anu nyata (KPK mun ayeuna mah), puguh baé matak reuwas maranéhanana téh, nepi ka loba nu kabur ka mancanagara nyalametkeun pakayana nu meunang kong-kalikong téa sarta loba nu asup ka pangbérokan alias dibui.



Tah sabada éta dér baé MESAT GOBANG KABUYUTAN!



Urang ayeuna ulah talangké deui  kudu geuwat  “angkat senjata” sobagana-sabogana. Ceuk paribasana mah boh gobang, boh bedog, boh tombak atawa kujang jeung sajabana geura prak gunakeun. Hartina nu boga élmu gunakeun élmuna, nu boga harta gunakeun hartana keur bajuang, nu boga tanaga gunakeun tanagana keur ngadegkeun jati-diri urang. Dur Panjak!



Ari dibura ku laja tuhur anu meunang ngunun tujuh taun ka dalapan pananggalan, maksudna kieu:  nu dimaksud mah angka 8 pananggalan – dalapan téh nyaéta angka CUPU MANIK ASTAGINA, atawa dalapan cecekelan hirup. Malahan di Baduy mah lamun rék aya salametan atawa kariaan téh sok dina bulan ka-8 atawa ka-WOLU. Inget angka 8 téh di batur mah disebutna “infinity” (teu aya tungtungna; di Cina mah dianggap angka mujur).



Alhamdulillah nagara urang oge merdéka na téh dina bulan 8 (Agustus)



Numawi kitu regepkeun ieu kekecapan nu di luhur anu unina kieu:

Prak geura pesat Gobang Kabuyutan supagi caang padang narawangan.

Bismilah Allahu Akbar!



Padumukan Pakujajar, Ki Jagasatru 6

No comments: